Wasta :
Asti Nurhanifa
Kelas :
XI IPA 5
Jejer novel : nelengnengkung
Pangarang
: Wahyu Wibisana
Panerbit
: Kiblat
Jumlah kaca :
152
Citakan : citakan ka-1, Shafar 1430H./
Januari 2009
Ringkasan :
Ti iraha alam
dunya teh muka pantone sarta kuring bisa asup ka jerona, poho deui. Ari saha
anu nuduhkeun jalan ka lebah dinya mah, kuring nyaho,sanajan mimitina mah sama
sakali kuring teu wawuh, iwal ti sorana anu mindeng asup kana dedengean.
Da
puguh mimitina mah estuning ngabelegbeg, sanajan enya aya soraan. Di teruskeun ku
dua sora, nu ngehnger jeung nu ngagoronggong, tapi sarua pada halon karasana.
Tuluy
nu boga teh
mimiti katembong belegbegna sarta duanana sihoreng barogaeun pakakas nu bisaeun nyolodor, anu lemes tur haneut
upama diadakeun kana pipi kuring. Jeung aya sora anu marengan, sora binarung
rasa jeung nada anu pohara halonna, “Hao-hakeng, hao-haekang,” cenah.
Satemenna
ngan, sora wungkul anu aya di alam dunya the, geuning. Ngan dua nada sora
deuih. Satemenna, paling paling oge ngan ditambahan ku kelemengna wujud anu sok
lemes pisan antel kana awak kuring. Dina waktu kitu bet kuring ngarasakeun
kanimatan rawagi anu luar biasa. Nya tiharita kuring ninggalkeun mangsa
hao-hakeng jeung ao-aoan, tuluy bisa ngaluarkeun sora sengang-dua engang anu
tacan dibarengan ku harti nurutkeun aturan dina basa Sunda.
Kungsi
diais jeung dipangku ku Ema, kungsi digandong jeung dipunggu ku Apa. Awak
kuring anu asalna tidapur dibawa ka tengah imah, atawa ti buruan dibawa ka
pancuran lebak. Buruan teh enya bangbarung alam dunya. Tidinya kuring bisa
meuntas jalan ngadon nyabakan pilar Haji Majid. Atawa kasakola tempat Apa
ngajar.
Dahar
dina piring seng bodas, deungeunna daging atawa lauk, diciwitan ku Ema, heg
diencle-encle dina sakurilingeun biwir piring. Imah nu iuh, imah tempat ngukur
jauh , kitu kira-kira pikiran alam harita upama dicaritakeun ku ungkara kuring
ayeuna.
Ceurik
ku lantaran nyeri titajong , sok gancang repeh da di jampe ku Apa. Meureun ti
harita kuring mimiti nyaho yen jelema teh aya kalana boga ka nyeri atawa
gering. Kuring mules haying ka cai. Ari cai apan jauh, kudu ka pancuran luar.
Nya diakalan meureun ku Ema sangkan beuteung kuring teu ngusial, supaya ulah kudu ka pancuran heg
di jajampe : “pecang-pecing Beulah hoe,
ulah ngising tengah peuting,mending isuk tengah poe” .
Da
puguh lengkah pondok keneh, tetelar ti Cantigi ka Cisayong teh asa pohara
ngempladna. Ari nu ditutur keun lengkah kolot, lengkah Apa, atuh mindeung
tinggaleun. Sanajan kitu, eta talawengkar- talawengkar teh ku kuring diampihan,
lantaran mangrupa sesemplekan pangalaman hirup kuring.
Nu kadenge ngan sora peuting, krong-kronganana sora
londok patembalan jeung sora simeut caricangkas anu kerkeran. Sok rada ngagebeg upama Ema
lebet ka pangkeng bari dimukena keneh. Nu singsarwa bodas katembong reyem- reyem,
heg nonghol mukakeun kulambu ngilikan kuring.
Kungsi ngalaman bulan Puasa nu pohara langenna,
bareto keur budak. Poho deui, naha harita teh kuring milu puasa atawa heunteu.
Tapi nu puguh rarasaan anu di lantarkeun ku ayana eta bulan nepi ka ayeuna
nembres keneh bae. Lebaran anu mimiti kuring inget bisa jai dina tahun 1940,
waktu umur kuring lima tahun.
Apa pupus.
Bapa kuring tilar dunya. Ema ngaengek. Kuring carinakdak. Ai olohok, teu ngarti
nanaon. Harita teh 12 Mulud 1360, merenan tanggal 9 April 1941, poe Rebo, waktu
kuring tacan bisa ngucapkeun
innalillahi.
Aya gerentes dina hate waktu apa pupus teh. Gerentes
budak anu keur meujeuhna resep diajak nyarita ku kolot perkara alam dunya.
Balik ka lembur, kapanggih deui rupaning tetenjoan anu bareto mah samar- samar,
lantaran leutik keneh. Ayeuna atra pisan, ditambah ku katerangan ti Ema.
Basa kuring ngahaja ka astana, dijurung ku Ema kudu
meresihan makam Apa jeung makan Ai, katembong aya warna beureum. Pucuk kiteja
eta teh. Nginget- nginget deui ka Apa, naha waktu sok sasauran perkara perang
di Nagri Walanda, anjeunna pro Declan atawa pro Walanda ? eta pertanyaan teh
timbul basa tentara Walanda nyieun markas di Cisayong. Sabulan Ema diberok di jero
bui ku Walanda pedah dianggap mata-mata urang tukang. Barang jol ka lembur,
kuring digabrug tuluy digalentoran ku Ema bari sasauran kieu, “Deudeuh teuing
anak Ema...”
Di pangadegan, di lembur sorangan, keur karasa
haeubna hawa perang. Di kota aya tentara Waanda Wilhelmia, ari di sisi-sisi aya
tentara Kartosuwiyo, anu tuluyna sok disebut gorombolan, duka kumaha mimitina.
Da meureun pedah kawas manuk dihucuh-hucuh supaya
indit ka dayeuh. Enya, kuring teh ti taun 1948 geus teu jadi urang lembur deui.
Teu pindo gawe, harita kuring geus bisa mulangkeun deui takajar. Anu asalna ti
lembur dika-lemburkeun deui, sanajan lain di nu bareto, tapi tetep anu
kalangkang ku Gunung Galunggung. Keur leutik, bareto, sok kapireng Ema ngawih Nelengnengkung bari ngeyong kuring. “Geura gede geura jangkung..., geura sakola
di Bandung,” cenah. Eta kecap “Bandung”, ngaran kota, ti keur leutik geus
jadi implengan kuring: jiga naon ari Bandung ? Kacipta na, urang Bandung mah
nyaritana teh salawasna ku lagu kawih, kawas hariring Ema. Emh
Kaunggulan :
Kaunggulan tina novel ieu teh nyaeta, tiap
gunem catur dina ieu novel teh ngangge basa sunda anu sae tur undak usuk basa
anu pas. Isi carita novel ieu
nyaritakeun kahirupan pangarang mangsa budak nepi ka sawawa kalawan teu leupas
tina heab asih indung.
Kakurangan :
Basa novel ieu terlalu
baku nu matak anu maca na rada hese ngahartikeun tiap tiap kecap. Tapi aya oge
kecap kecap anu lumrah nu bisa di pikaharti kunu maca.