Februari 2012

Resensi Sunda by M Rizky Prassandy

 Judul                 : Cicing Dina Lamunan    
 Pangarang         : Dodi Suwardi                            
 Penerbit            : Jaka Raya Pustaka
 Jumlah Kaca     : 90


    Dina hiji waktos aya jalmi nu ngarana Duloh.Duloh teh ngabogaan pasipatan anu goreng. Rada autis jeung aneh pisan pokona mah. Kaluargana sok hariwangeun kunaon si Duloh bet bisa kitu. Tah geningan si Duloh teh jadi kitu gara-gara baheulana ngabogaan masa lalu anu kelam.
    Dina hiji kajadian si Duloh ujug ujug robah jadi normal, kunaon si Duloh bisa jadi kitu?
    Dina novel ieu nyaritakeun kumaha masa lalu si Duloh anu kelam anu nyieun si Duloh bisa jadi kitu.Loba pisan kajadian nu aneh, pikaseurieun jeung rada-rada kejam. Nu akhirna teh si Duloh kaduhung kana masa lalu manehna.

Kaleuwihan : bisa dijadikeun pangisi waktu luang, kumargi ovelna seru sareng ceritana menarik. Loba pisan kata-kata mutiara anu alus.
Kakurangan : seueur bahasa anu kirang dipikahartos sareng pasipatan si Duloh anu kirang sae kangge dicontoh

Resensi Novel Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"


Judul novel                 : Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"
Kenging/pangarang      : aan merdeka permana
Pamedal                      : Yayasan Galura-Bandung
Taun medal                 :taun 2000
Jumlah kaca               : 214 kaca

dina episode 3 tina novel Silalatu Gunung Salak anu judulna "Huru-Hara di Bantar Jati" nyaritakeun tokoh utamana nyaeta sanaya anu di fitnah geus ngabunuh suta jeung nyi damini tuluy sanaya teh di fitnah ku ki tambi jeung ki jaliteng yen sanaya anu ngeus ngabunuh suta jeung nyi damini jeung sanaya anu sok ngarebut kaparawanan, padahal eta carita teh salah gede padahal anu ngabunuh suta teh nyaeta ki manggala, nu matak ki jaliteng jeung ki tambi ngarasa hariwang lantaran suta dibunuh....




10 Kesalahpahaman tentang kesuksesan

Assalamu'alaikum teman-teman sekalian, saya hadir disini hanya untuk share aja.
dalam kehidupan sehari-hari kebanyakan dari kita menyalahartikan tentang kesuksesan, padahal dibalik itu semua ada hal yang mungkin kebanyakan dari kita belum menyadarinya, untuk itu mari kita cek tkp aja teman-teman



Baca selengkapnya »

Resensi Novel_Asti Nurhanifa


Wasta              : Asti Nurhanifa
Kelas               : XI IPA 5
Jejer novel       : nelengnengkung
Pangarang       : Wahyu Wibisana
Panerbit           : Kiblat
Jumlah kaca     : 152
Citakan            : citakan ka-1, Shafar 1430H./ Januari 2009
Ringkasan :
Ti iraha alam dunya teh muka pantone sarta kuring bisa asup ka jerona, poho deui. Ari saha anu nuduhkeun jalan ka lebah dinya mah, kuring nyaho,sanajan mimitina mah sama sakali kuring teu wawuh, iwal ti sorana anu mindeng asup kana dedengean.
                Da puguh mimitina mah estuning ngabelegbeg, sanajan enya aya soraan. Di teruskeun ku dua sora, nu ngehnger jeung nu ngagoronggong, tapi sarua pada halon karasana.
                Tuluy nu boga teh mimiti katembong belegbegna sarta duanana sihoreng barogaeun pakakas  nu bisaeun nyolodor, anu lemes tur haneut upama diadakeun kana pipi kuring. Jeung aya sora anu marengan, sora binarung rasa jeung nada anu pohara halonna, “Hao-hakeng, hao-haekang,” cenah.
                Satemenna ngan, sora wungkul anu aya di alam dunya the, geuning. Ngan dua nada sora deuih. Satemenna, paling paling oge ngan ditambahan ku kelemengna wujud anu sok lemes pisan antel kana awak kuring. Dina waktu kitu bet kuring ngarasakeun kanimatan rawagi anu luar biasa. Nya tiharita kuring ninggalkeun mangsa hao-hakeng jeung ao-aoan, tuluy bisa ngaluarkeun sora sengang-dua engang anu tacan dibarengan ku harti nurutkeun aturan dina basa Sunda.
                Kungsi diais jeung dipangku ku Ema, kungsi digandong jeung dipunggu ku Apa. Awak kuring anu asalna tidapur dibawa ka tengah imah, atawa ti buruan dibawa ka pancuran lebak. Buruan teh enya bangbarung alam dunya. Tidinya kuring bisa meuntas jalan ngadon nyabakan pilar Haji Majid. Atawa kasakola tempat Apa ngajar.
                Dahar dina piring seng bodas, deungeunna daging atawa lauk, diciwitan ku Ema, heg diencle-encle dina sakurilingeun biwir piring. Imah nu iuh, imah tempat ngukur jauh , kitu kira-kira pikiran alam harita upama dicaritakeun ku ungkara kuring ayeuna.
                Ceurik ku lantaran nyeri titajong , sok gancang repeh da di jampe ku Apa. Meureun ti harita kuring mimiti nyaho yen jelema teh aya kalana boga ka nyeri atawa gering. Kuring mules haying ka cai. Ari cai apan jauh, kudu ka pancuran luar. Nya diakalan meureun ku Ema sangkan beuteung kuring  teu ngusial, supaya ulah kudu ka pancuran heg di jajampe : “pecang-pecing Beulah hoe, ulah ngising tengah peuting,mending isuk tengah poe” .
                Da puguh lengkah pondok keneh, tetelar ti Cantigi ka Cisayong teh asa pohara ngempladna. Ari nu ditutur keun lengkah kolot, lengkah Apa, atuh mindeung tinggaleun. Sanajan kitu, eta talawengkar- talawengkar teh ku kuring diampihan, lantaran mangrupa sesemplekan pangalaman hirup kuring.
                Nu kadenge ngan sora peuting, krong-kronganana sora londok patembalan jeung sora simeut caricangkas  anu kerkeran. Sok rada ngagebeg upama Ema lebet ka pangkeng bari dimukena keneh. Nu singsarwa bodas katembong reyem- reyem, heg nonghol mukakeun kulambu ngilikan kuring.
                Kungsi ngalaman bulan Puasa nu pohara langenna, bareto keur budak. Poho deui, naha harita teh kuring milu puasa atawa heunteu. Tapi nu puguh rarasaan anu di lantarkeun ku ayana eta bulan nepi ka ayeuna nembres keneh bae. Lebaran anu mimiti kuring inget bisa jai dina tahun 1940, waktu umur kuring lima tahun.
                 Apa pupus. Bapa kuring tilar dunya. Ema ngaengek. Kuring carinakdak. Ai olohok, teu ngarti nanaon. Harita teh 12 Mulud 1360, merenan tanggal 9 April 1941, poe Rebo, waktu kuring tacan  bisa ngucapkeun innalillahi.
                Aya gerentes dina hate waktu apa pupus teh. Gerentes budak anu keur meujeuhna resep diajak nyarita ku kolot perkara alam dunya. Balik ka lembur, kapanggih deui rupaning tetenjoan anu bareto mah samar- samar, lantaran leutik keneh. Ayeuna atra pisan, ditambah ku katerangan ti Ema.
                Basa kuring ngahaja ka astana, dijurung ku Ema kudu meresihan makam Apa jeung makan Ai, katembong aya warna beureum. Pucuk kiteja eta teh. Nginget- nginget deui ka Apa, naha waktu sok sasauran perkara perang di Nagri Walanda, anjeunna pro Declan atawa pro Walanda ? eta pertanyaan teh timbul basa tentara Walanda nyieun markas di Cisayong. Sabulan Ema diberok di jero bui ku Walanda pedah dianggap mata-mata urang tukang. Barang jol ka lembur, kuring digabrug tuluy digalentoran ku Ema bari sasauran kieu, “Deudeuh teuing anak Ema...”
                Di pangadegan, di lembur sorangan, keur karasa haeubna hawa perang. Di kota aya tentara Waanda Wilhelmia, ari di sisi-sisi aya tentara Kartosuwiyo, anu tuluyna sok disebut gorombolan, duka kumaha mimitina.
                Da meureun pedah kawas manuk dihucuh-hucuh supaya indit ka dayeuh. Enya, kuring teh ti taun 1948 geus teu jadi urang lembur deui. Teu pindo gawe, harita kuring geus bisa mulangkeun deui takajar. Anu asalna ti lembur dika-lemburkeun deui, sanajan lain di nu bareto, tapi tetep anu kalangkang ku Gunung Galunggung. Keur leutik, bareto, sok kapireng Ema ngawih Nelengnengkung bari ngeyong kuring. “Geura gede geura jangkung..., geura sakola di Bandung,” cenah. Eta kecap “Bandung”, ngaran kota, ti keur leutik geus jadi implengan kuring: jiga naon ari Bandung ? Kacipta na, urang Bandung mah nyaritana teh salawasna ku lagu kawih, kawas hariring Ema. Emh





Kaunggulan :
Kaunggulan tina novel ieu teh nyaeta, tiap gunem catur dina ieu novel teh ngangge basa sunda anu sae tur undak usuk basa anu pas. Isi carita novel ieu nyaritakeun kahirupan pangarang mangsa budak nepi ka sawawa kalawan teu leupas tina heab asih indung.

Kakurangan :
Basa novel ieu terlalu baku nu matak anu maca na rada hese ngahartikeun tiap tiap kecap. Tapi aya oge kecap kecap anu lumrah nu bisa di pikaharti kunu maca.

Resensi Novel_Winaldha Restu Agung


Wasta                   : Winaldha Restu Agung (30)
Kelas                     : XI A 5

Judul Novel        : Rasiah Geulang Rantay
Pamedal              : Girimukti Pasaka
Pangarang           : Nanie
Jumlah Kaca       : 162 kaca
Taun Terbit         : 1997
Ringkesan           :
Novel ‘Rasiah Geulang Rantay’ ieu teh nyaritakeun tentang hiji awewe anu nyumputkeun identitasna kanu sanes kanggo kabagjaan budakna. Tokoh utama dina novel ieu teh nyaeta Aminah (Siti Salamah) anu nyumputkeun identitas dirina ka budak awewena nu ngarana Enden Komariah  kusabab manehna ngarasa jelema teu boga. Aminah boga salaki nyaeta Sukardi anu ayena mah sok disebut ‘Kiai Modern’ kusabab ku elmuna anu luhur. Sagala bisa.
Poe Saptu, poe anu ceuk sasaha hade Aminah diuk bari ngadaweung nu tuntungna mah ceurik inghak-inghakan di hareup villa anu gede. Pamilik villa ngan panasaran ku Aminah anu keur ceurik inghak-inghakan tea teh, nepi ka nu boga villa gede eta teh nyauran Aminah. Aminah ditaros asal-usulna ku nu boga villa teh nepi ka ahirna mah ditawisan cicing janten koki di eta villa teh.
                Enden Komariah dina novel ieu teh dicaritakeun janten budak awewe anu boga villa gede eta. Enden Komariah hirup jeung ibu bapa anu lain teges, kolotna salian ngurus Enden Komariah teh ngurus Maman budak pulung anu diangkat jadi budak kusabab kolotn teh teu sanggup ngabiayaan hirupna jeung Sukardi baraya Maman. Enden Komariah ngabogaan carita cinta jeung Kang Maman anu geus lila cicing di imah Enden Komariah, ngan Maman terus wae usaha ngajauh ti Enden Komariah kisabab manehna ngarasa teu pantes kanggo Enden Komariah. Nepi ka ahirna Maman apal yen Sukardi barayana bogoheun oge ka Enden Komariah. Nyaho kitu Maman beuki ngahindar Enden Komariah ngameh Enden Komariah teu bogoheun deui ka manehna.
                Kulawarga Enden Komariah kaasup Abdul jeung bi Aminah ulin nonton bioskop. Maman anu ngahaja dipaksa ku Enden Komariah ngameh ngilu teh kalahkah ngaleungit diuk ngahiji jeung babaturanna. Enden Komariah ngarasa bendu jeung ngarasa asa sia-sia manehna manehna maksa Maman ngameh ngilu ari pek tungtungnamah kieu. Sukardi terus ngajak ngobrol Enden Komariah, maksa Enden Komariah ngalaan geulang rantay anu dipake ku enden Komariah. Sukardi hanyang nimbang eta geulang kusabab hayang nyieun sabeulahna. Bi Aminah anu teu kahaja ningali geulang nu dipake Enden Komariah teh ngarasa apal kana eta geulang. Tungtungna mah bi Aminah minjeum eta geulang anu gening sarupa jeung geulang anu dipkekeun manehna ka budakna anu dititipkeun ku manehna baheula.
                Hiji poe, Enden Komariah ngirim surat ka Maman anu eusina teh nyaeta nitah Maman datang ka kamarna Enden Komariah jam 1 peuting kusabab aya perkawis penting anu kudu diobrolkeun. Enden Komariah nitah Maman datang ka kamarna jalan ka jendela. Sanggeus maca surat ti Enden Komariah Maman ngarasa atoh kusabab manehna ngarasa dipikabogoh, ngan dihiji sisi Maman teh boga kasieun nyaeta sieun goreng balukarna. Geus sapeupeuting Maman stres mikiran eta surat ti Enden Komariah, bingung yen manehna teh kudu datang atawa ulah? Mun datang manehna sieun kapanggih, lamun teu datang manehna ngarasa salah ka Enden Komariah anu geus nungguan nepi ka jam 1 peuting.
                Ahirna mah Maman mutuskeun ngadatangan Enden Komariah bari susulumputan pedah sieun aya nu manggihan manehna anu wayah kieu liar keneh. Tapi tungtungna mah manehna kapanggih oge ku Sukardi anu keur ngajagaan imah. Maman dipitenah ku Sukardi tuluy diadukeun ka Juragan Pangsiun anu geus ngurus manehna jeung Sukari ti leuleutik, nepi ka ahirna Maman ditunung ti imah. Enden Komariah anu geus apaleun yen Maman teh ditunung ti imah ceurik inghak-inghakan bari ngagoler dina lahunan bi Aminah. Enden Komariah geus mikir yen perkara anu nyebabkeun Maman ditundung teh nyaeta Sukardi. Enden Komariah geuring ripuh. Basa Sukardi apaleun panyebab Enden Komariah gering ripuh teh, manehna langsung indit neangan Maman nepi ka kapanggihna.
                Mimitina mah Maman nampis diajak deui ka Cimahi ka imahna Enden Komariah, ngan kusabab dipaksa ku Sukardi manehna ahirna ngagugu kahayang Sukardi sok sanajan rada kapaksa ge. Geus nepi di imah, Maman ningali kaayaan Enden Komariah anu gering ripuh, manehna ngarasa dosa pisan kusabab geus ninggalkeun Enden Komariah. Didinya manehna jeung Enden Komariah sosonoan nepi ka ceurik inghak-inghakan babarengan, ngan aya nu beda ti Enden Komariah, manehna katingali cenghar asa geus leungit geringna.
                Ahirna Maman jeung Enden Komariah nikah. Sanggeus Maman jeung Enden Komariah nikah teh Sukardi mutuskeun pindah ka Bandung kusabab tenpat gawena dipindahkeun ka Bandung, paahal mah alesan nu aslina mah manehna geus teu kuat ningali Eunden Komariah anu dipikacinta eta teh hirup babarengan jeung Maman anu geus mang taun-taun jadi sobatna.
                Dina hiji poe kulawarga Enden Komariah kaasup Maman anu geus jadi salakina indit ka ondangan. Pas balik ti ondangan teh kabeh perhiasan Enden Komariah leungit kapalingan, kabeh nuduh bi Aminah kusabab ngan aya manehna di imah pas kulawarga Enen Komariah arindit ka ondangan. Kulawarga Enden Komariah ngangkir pulisi jang mariksa. Bi Aminu=ah anu teu ngarasa salah teh ngan pasrah pas koper manehna kudu dipariksa ku pulisi. Dina pamariksaan eta teh kapanggil geulang rantay anu langsung diaku ku Enden Komariah yen eta teh geulang manehna. Sanggeus kitu bi Aminah dibawa ka kantor pulisi.
Kusabab perhiasan nu sawarehna teu kapanggih keneh, Maman ahirna ngangkir Kiai Sungkawa anu sabenerna teh salakina bi Aminah. Ahirna mah kapanggih eta maling perhiasan teh, jeung kuanehna nu maling teh lain bi Aminah tapi si Abdul tukang kebon imah Enden Komariah. Kabeh perhiasa Enden Komariah aya di si Abdul, ku anehna deui eta geulang rantay teh jadi aya dua! Geus kapanggih sahasabenerna nu maling teh, bi Aminah langsung ikaluarkeun ti kantor pulisi. Kiai Sungkawa reuwas pas ningali bi Aminah. Manehna ngarasa sono pisan teu ningali pamajikanna mang taun-taun. Langsung digabruk teh eta bi Aminah ku Kiai Sungkawa.
Carita dina novel ‘Rasiah Geulang Rantay’ ieu teh teu rengse dugi kadieu, tapi masih keneh seueur picaritaeun-picaritaeun anu langkung seru anu patut dibaca kubalarea.


Kaunggulan jeung kakurangan Novel ‘Rasiah Geulang Rantay’ :
Kaunggulan tina novel ieu teh nyaeta, tiap gunem catur dina ieu novel teh ngangge basa sunda anu sae tur undak usuk basa anu pas. Novel ieu ge eusi caritana sea pisan kumargi seueur pisan atikan moral anu ngandung dina tiap kalimatna. Kakurangan novel ieu teh nyaeta ngakibatkeun anu maca janten bingung kumargi tokohna anu seueur sareng caritana anu rada gampang katebak. Kamungkinan kumargi novel ieu teh ngangge basa sunda anu sae pisan tea, ngakibatkeun simkuring rada sesah ngahartoskeun sapalih kalimah anu teu dikahartos maknana.

Resensi novel “baruang kanu ngarora” (FANI AHMAD FAUZI)


Resensi novel
“baruang kanu ngarora”

Sampul Depan
JUDUL                  : BARUANG KANU NGARORA
PANGARANG      : D.K.ARDIWINATA
PAMEDAL           : RAHMAT CIJULANG
TAUN MEDAL    : 1914
KANDELNA         : 148 KACA

Novel ieu teh nyaritakeun kahirupan dimana masalah ekonomi, rumah tangga jeung kalakuan jalma dimana geus kalajur ku napsu, eta sabab na novel ieu lolobana di baca na ku kalangan jalma anu dewasa . sabab nyaritakeun kahirupan anu umum na sok aya di kahirupan sapopoe .
Novel baruang kanu ngarora boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma nu sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka kaluargana . ieu novel teh nyaritakeun dua lingkungan  bangsawan jeung lingkungan rakyat biasa .
 Baruang kanu ngarora nyaritakeun atawa ngalalakonkeun ujang kusen, nyi rapiah, jeung aom usman . dina jaman menak sok sewang-sewangan, aom usman hayangeun pisan ka nyi rapiah, tapi geus jadi pamajikan ujang kusen . kusabab hirup dikota loba godaan nana ujang kusen mawa nyi rapiah hirup di lereng gunung, aom usman nitah agan ali anu tukang pukul pajajaran datang ka imah ujang kusen anu digunung sangkan nyi rapiah di dekeutan, tuluy nyi rapiah di bawa ka kota, kusabab nyi rapiah ge ngarasa teu betah hirup di gunung nyi rapiah ge ngilu ka agan ali .
Timimiti kawin ujang kusen jeung nyirapiah geus silih bogoh pisan, tapi kaayaan ujang kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka nyi rapiah, nepika nyi rapiah pirak jeung ujang kusen, ujang kusen sabar ninggali pamajikan na di goda ku aom usman .
aom usman anu eunggeus megatkeun nyirapiah jeung ujang kusen, tuluy nyi rapiah di wayuh, aom usman kawin deui jeung anu sadarajat jeung manehna nyaeta agan suriningrat, lantaran kolot aom usman teu satuju lamun aom usman teu kawin jeung anu sadarajat . ari siujang kusen mah prustasi lantaran ninggali nyirapiah dikawin ku aom usman, ujang kusen tidinya sok gunta ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti nyirapiah, ujang kusen sok judi, mabok, pokonama beda jeung ujang kusen basa jadi pamajikan nyi rapiah, ahirna ujang kusen dibuang kasurabaya  kusabab dituding maling duit, duit eta teh di pake jang judi deui .

Ku Nafasa Agnia : Silalatu Gunung Salak : Episode 1


Jejer                                          : Silalatu Gunung Salak : Episode 1 
Pangarang                            : Aan Merdeka Permana
Panerbit                                 : Yayasan Galura
Tanggal Terbit                   : 1999
Jumlah Halaman               : 179 Halaman
Kategori                                 : Novel


Silalatu Gunung Salak nyaeta salah sahiji buku terbitam Yayasan Galura karangan Aan Merdeka Permana anu geus kasohor ngaranna dina widang kasusastraan novel sunda.
Novel Silalatu Gunung Salak episode 1 nyaritakeun perkawis, kajadian di Bogor taun 1670. Sanaya nyaeta salah sahiji  jajaka wewengkon Karatuan Talaga, ngalalana ka tebeh kulon. Manehna hayang nalungtik Pajajaran anu tilem kira saratus taun kaliwat. Di sisieun Leuwung Pajajaran nulungan Ki Mas Tanu kataji hayang ngadunungan sabab Ki Mas Tanu boga cita – cita anu sarua, nyaeta hayang nalungtik riwayat Pajajaran. Boh Sanaya boh Ki Mas Tanu ngarasa yen manehna teh aya harib – harib turubab ti Pajajaran. Anu jadi ganjelan Ki Mas Tanu teh apaleun keur di beberik ku musuhna ku sasama urang Sunda. Anu jadi perkara Ki Mas Tanu di tuding hianat ka bangsa sabab ulum kumawula ka Kumpeni anuu geus ngajajah jeung ngakaya urang Sunda. Balukar tina ruket jeung Ki Mas Tanu, Sanaya kudu dimusuhan ku para pajuang, kaasup guruna sorangan. Sanaya wani nadaha resiko disatru sabab manehna boga sangkaan yen Ki Mas Tanu biluk ka Kumpeni teh lain rek ngahianatan bangsa.
Novel Silaltu Gunung Salak ieu ngabogaan genep episode. Dina novel ieu diagambarkeun kahayang si Sanaya nalungtik ka Pajajaran. Kahirupan si Sanaya di caritakeun jago silat anu di turunkeun ti guruna nyaeta Ki Santa. Kaayaan di wewengkon Karatuan Talaga di gambarkeun apik pisan ku kang Aan Merdeka. Anu maraca tiasa ngarasakeun kumaha rasana kahirupan di Karatuan Talaga.
Sanajan ku kitu kusabab alur carita anu tiasa di sebut monoton sarta henteu matak gereget anu maraca bisa ngarasa bosen jeung teu sabar. Tapi meski aya kakurangannana buku silalatu gunung salak bisa di jadikeun salah sahiji buku novel sastra sunda anu wajib di baca ka para siswa kusabab kata – kata anu gampang dipikaharati.

Resensi Novel - Farida Latifah Azari












Judul Buku                 : Putri Subanglarang
Pangarang               : Yoseph Iskandar
Panerbit                   : Pusat Studi Sunda
Taun terbit             : September 2009,
citakan ka-2 Kandelna    : 104
Pangaos                 : Rp.27.000,-

Sinopsis Novel :

Ieu novel teh nyaritakeun kahirupan hiji lalaki anu ngarana Pamanahrasa atawa anus sok di sebut Anom. Pamanahrasa teh ges dua taun hayang ngabogaan anak (turunan) tipamajikanna nyaeta Nyai Putri Ambetkasih. Ges diubaran kamamana ka dukun, kaparaji tapiencan wae aya hasilna. Dia hiji poe Pamanahrasa teh nyarita ka pamanna nyaeta Paman Lengser, minangkamanehna teh hayang ngalalana deui. Sangges manehna diizinan ku mitoha jeung pamajikanna,isukna manehna langsung mangkat ti imah pamajikanna jeung Pamanna bari numpak kuda anutayan tujuan rek kamana. Sanggeus perjalanan anu lila, tiba wae isukna di Pondok Quro tujuanna keur nyiar elmu didinya. Dina eta poe, manehna papanggih jeung hiji awewe, santrina pimpinan Pondok Quro.Awewe anu pinter, kembang desa tur luhung ku elmu nyaeta Nyai Putri Subanglarang. Pas pertama ninggali Pamanahrasa geus katarik ku tingkahparipola eta aweweanu sopan. Puncakna pas NyaiSubanglarang nyaritakeuntentang elmu islamanu jentre tur kaharti.Pamanahrasa beuki resepka ieu awewe jaung aya niat asup ka agama islam lantaran ieu Nyai Subanglarang, nya kitu sarua Nyai Subanglarang ge panasaran ka ieu tamu guruna. Lantaran umur Nyai Subanglarang anu ges 18 taun jeung kahayang indung bapana anu haying geura boga incu, Nyai Subanglarang ninggalkeun eta pasantren jeung ngayakeun sayembara.Sing saha jalma anu pangunggulna, eta bakal jadi pisalakieun Nyai Subanglarang. Jalma-jalma pada paboro-boro ngiluan eta sayembara, teu kaliwat sodagar-sodagar tinagri mana-mana. Pada nembongkeun panggabisana. Sapoe, dua poe, sampai katilu poena eta sayembara can we aya hasilna. Puncakna aya hiji lalaki anu dekil, buta pokona mah anu pigageleuheun jeung jiga anu gelo, ngiluan ata sayembara, lalaki eta kacida jagona bisa ngelehkeun anu liaanna tarutama ngelehkeun hiji sodagar anu dijadikeun kokojo ku jalma-jalma nyaeta Prabu Amuk Murugul, nyaeta lalaki anu jadi pamenang sayembara teh, Nyai Subanglarang ceurik teu percaya yen anu dek jadi pisalakieun teh jalma anu dekil tur buta. Sanggeus eta lalki ngabersihan getih anu aya dina dirin, manehna langsung nyanghareupan Nyai Subanglarang jeung bapakna Ki Gedeng Tapa. Eh teu disanka anu tadi disebut nu gelo, buta jeung dekil teh nyaeta Pamanahrasa anu baheula pernah panggih di pasntren. Nya atuh Nyai Subanglarang kacida bungahna jeung teu disanka anu dek jadi pisalakieun teh jalma anu kasep lain anu dekil tur buta. Apek teh teu ka sangka oge Pamanahrasa teh nyaeta Paman bapakna Nyai Subanglaraang. Ahirna manehna can jadi ngajadikeun pamajikan Nyai Subanglarang lantaran can aya persetujuan ti pamajikan jeung can panceg pikeun nyangking ageman islam anu dipikanyaho ku Nyai Subanglarang.

resensi novel sunda


TIYAN RAHMANUL HAKIM
  RESENSI NOVEL “BABALIK PIKIR”
Jejer buku           : Babalik Pikir
Panulis                 : Samsoedi                                   Pamedal              : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal    : Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Citakan                : Taun 1931
Kandel Buku        : 72 kaca

Novel karya Samsoedi nyaritakeun aya hiji kaluarga leutik anu lemburna di pagunungan jauh ti dayeuh boga budak ngan hiji-hijina. Si Emed di ogo ku indungna. Ari tabe’atna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, mun dititah  kacida liwarna. Karesepna ngan ulin ampleng-amplengan. Alatan pamolahna anu sok musingkeun tea , bapana cilaka malah tpi ka hanteuna. Sangegeus bapana eweuh, Si Eme anggeur bae ogoan tara nolih kaayaan, tur sagala kahayangna kudu bae kacumpunan.
          Hiji mangsa indungna kawalahan nepi ka ngusir Si Emed , tah tidinya Si Emed cicing ti imah baturana Si Jasim, bari ngabantuan ngangon meri anu Si Jasim. Lilana saminggu  Si Emed ngarasa bosen  jeung ngedul atuh Si Jasim ngarasa kesel pisan ku kalakuan Si Emed,tuluy duaan eta parea-rea omong tuntungna gelut. Si Jasim teu walakaya kapaehan kusabab sirahna ninggang kana batu curi seukeut, nepi ka boloboran getih. Ku ninggali Si Jasim , Si Emed reuwaseun  terus kabur nya tujuanna ka Dayeuh, nya kitu bae Si Emed teu boga lalampaheun. Sanggeus peuting pisan tuluy manehna ngadon ngaringkuk di jero kas , ujug-ujug aya ucing jeung anjing anu pasea asup kana kas eta, barang dibaledog anjing ngadon beunang kanu kaca toko Bongbay. Tidieu Si Emed disangka bangsat nepi ka dikerem di Gesticht Semarang, tempat ieu mangrupakeun pangajaran anu manpaat pikeun barudak jahat jadi sangeus kaluar ti Gesticht boga pangabisa misalna bae manday. Tah nya ti harita Si Emed babalik pikir hayang ngeureunan kasalahn, eling di bebeneran.

Novel “Babalik Pikir”  ieu alus pikeun bacaeun para nonoman kusabab ngandung moral, sarta basana ge pas pisan jeung basa pagunungan dipikaharti. Novel ieu oge ngandung nilai-nilai kahirupan sapopoe.Tapi palebah Si Emed kabur ti penjara nyaeta ku digulung ku samak rada teu asup akal.
Manfaat tina novel ieu nyaeta sasaha anu mawa karep soragan teu jeung bebeneran sarta doraka kanu jad indung jeung bapa, temahna sok sangsara.

Back to Top