Resensi Novel Mapag Perang Barata
Jejer buku : Mapag Perang Barata
Panulis : Ahmad Bakri
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan ka-1,
Syawal 1424 H./Desember 2003 / Citakan ka-2, Dzulqadah 1428 H./Nopember 2007 /
Citakan ka-3, Dzulhijjah 1430 H./Desember 2009
Kandel Buku : 61 Halaman
Novel Mapag Perang Barata teh nyaritakeun tentang adegan antara Dorna
jeung Prabu Drupada atawa Dewi Kunti (anak ti Batara Surya, rakana Pandawa) nu
estuning matak ngangres. Pandu Dewanata, Raja Hastinapura teh pupus nuju sanom
keneh, kusabab anjeunna lali ngalanggar supata Bagawan Kindama. Para putrana
teh teu acan aya nu kersa pikeun ngaganti Pandu Dewanata jadi pupuhu nagara.
Lamun parantos gede mah, tangtu ngaistrenan Drestarata jeung sakalian Pandawa,
putera Sang Pandu di angkat jadi Raja. Dina hiji dinten Dang Hyang Dorna, Guru
na Pandawa parantos namatkeun jadina santikaguru di Karaton Hastinapura. Para
asuhanana, Kurawa sareng Pandawa geus gede ayeuna mah. Sanajan geus katingali kamajenganana, Sang guru teu acan sugema
manahna. Teu aya kacape guru etaa ngasuh murangkalih teh sangkan leres-leres
jadi satria lahirna sareng batinna. Nya kitu deui Sakuni sareng Gandari sarua
teu acan sugema manahna. Sarua na teu aya kacape aranjeuna ngasuh Sang Raja
Drestarata, sangkan ulah kersa masihan nagara ka Pandawa, kumargi anjeunna
ahliwaris baratha nu pangsepuhna. Hastinapura kudu jadi milik Kurawa. Dina hiji
dinten Dang Hyang Dorna ngempelkeun para Kurawa jeung Pandawa. Sakumaha biasa
nu jadi poko pimasalaheun teu aya deui iwal ti peperangan. Sanes mung semet
kagagahan sareng kasaktian ti salah saurang eta, nanging tata yuda oge
diutamakeun pisan. Kumargi Sang Yudistira teu gaduh musuh, sang yudistira eta
protes ka Dang Hyang Dorna. Dina hiji dinten
Dorna mamatahan ka murid-muridna ngeceng manuk Murid nu sejen
nyaritakeun naon nu katenjo ku maranehna basa keur ngeceng, salian ti hulu
manuk anu kudu dipanah. Ngan Arjuna mah sejen deui tetenjoan teh. Manehna ukur
nenjo hulu manuk wungkul, heunteu nenjo deui nu lainna.
Kaleuwihan Novel Mapag Perang Barata :
-
Nyaritakeun Lalakon
Mahabrata, jadi urang teh tos apal maksud ti carita eta.
-
Caritana saperti
nyaritakeun nyatana kungsi kajadian ti urang
Kakurangan Novel Mapag Perang Barata :
-
Novel Mapag Perang Barata
ieu make bahasa atawa kata-kata nu lolobana teu dipikaharti ku urang atawa teu
pantes di baca ku budak leutik
-
Carita ieu alus na teh
dijadikeu partunjukan wayang, lain dijadi keun novel, ku sabab teu ngarti.
Manfaat Novel Mapag Perang Barata :
-
Novel Mapag Perang Barata
teh nyaritakeun Lalakon wayang, Kasenian sunda nu ku urang kudu dipikanyaho,
tarutama ku sakabeh urang sunda.
-
Ngandung Atikan moral nu
kudu di petik ti ieu Novel.
Leave reply
Harap koment yg baik ya...