Nenden Siti Nursusanti
XI IPA 5
RESENSI
NOVEL SUNDA
Jejer buku :
Panganten
Panulis :
Deden Abdul Aziz
Pamedal :
PT Kiblat Buku Utama
Citakan :
Citakan ka-1, Shafar 1424 H./Agustus 2003
Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010
Kandel buku :
56 kaca
Novel
Panganten ngadongengkeun krisis jiwa nu karandapan ku kaom rumaja. Dina
galeuh-galeuh ieu hasil karancage literer Deden Abdul Aziz teh ngasongkeun
surah nu mandiri kana naon rupa nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung
cilaka.
Dina
ieu novel urang tepung jeung Rinrin minangka tokoh utamana. Kabogohna, anu
ngaranna Iyang alias Gumilang teh maot sanggeus nyebutkeun hayang kawin teuing
ka saha. Si Iyang teh maotna gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang,
terus layeut jeung Ben. Ben teh babaturan sakamarna Iyang, tapi teu saakrab
basa jeung Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow anu pada-pada
resep ngalangeu bari nyingkur di Partenon. Partenon teh nyaeta gedung can jadi
nu teu diteruskeun dibangun ku nu bogana. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar
sok ngaroko jeung nguyup arak. Rinrin jeung Suminar teh layeut pisan, nepika
Rinrin teh sok diajak maok ka unggal Mall. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar
teh sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar ge maot deuih sanggeus nyebutkeun
hayang kawin. Ari maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku
saha. Rinrin dua kali kaleungitan jelema ku cara nu sarua. Maot ku cara nu teu
wajar. Gumilang jeung Suminar. Duanana paeh sabada nyebutkeun rek kawin. Dina
pamustunganana Rinrin ge hayang kawin teuing ka saha jeung duka ku naon. Nu
sidik, sanggeus Rinrin nelasan maneh tepi ka hanteuna, manehna ngarasa geus
laksana papangantenan.
Kalewihan Novel :
-
Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen
kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Jodo, pati, bagja, rejeung
cilaka teh geus aya nu ngatur. Teuing rek tepi iraha urang hirup di dunnya
teh, teuing saha jodo urang teh, teuing kaburu urang kawin atawa henteu. Kabeh
nu ku urang di lakukeun di dunnya teh saacana geus di atur ku Nu Maha Kawasa
Allah SWT.
Kalemahan Novel :
-
Novel
panganten teh loba kata-kata kasar jeung jorok, jadi teu pantes lamun di baca
keur budak leutik mah.
Manfaat Novel :
-
Para
Rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.
-
Urang
bisa sadar yen kahirupan urang teh geus aya nu ngatur, jadi urang kudu terus
loba bersyukur.
Artikel Lainnya
Tugas
- Resensi Sunda by M Rizky Prassandy
- Resensi Novel Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"
- Resensi Novel_Asti Nurhanifa
- Resensi Novel_Winaldha Restu Agung
- Resensi novel “baruang kanu ngarora” (FANI AHMAD FAUZI)
- Ku Nafasa Agnia : Silalatu Gunung Salak : Episode 1
- Resensi Novel - Farida Latifah Azari
- resensi novel sunda
- Resensi Novel M.Dika Susanto
- RESENSI NOVEL KU FARIS I P
- Resensi Novel
- Resensi Novel Fatimah Qona'ah
- tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel
- RESENSI NOVEL SUNDA - ILA FAHLATI AMALIA
- Resensi Novel Sunda - Ulfah Nasti Wiliastuti
- RESENSI NOVEL SUNDA - Ayu Novia Robianti
- Resensi Novel - Siti Mulyani
- Resensi Novel - Grystina Situmorang
- Resensi Novel Sunda Mapag Perang Barata
- Resensi Novel - Farida Latifah Azhari
- Resensi Novel Sunda - Sugih Wiranto
- Novel Sunda - Annadhita Sricahya Safitri
- Resensi Novel Vera nurgustiani
- Resensi Novel Windi Tri Noviani
- Resensi Erditha M
Leave reply
Harap koment yg baik ya...