Nami : Reza Gustiawan
Kelas : Xi Ipa 5
Resensi Novel “Panganten”
Jejer
Buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT
Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan
ka-1Agustus 2003/Citakan ka-2 Juni2010
Kandel
Buku
: 56 halaman

Dina novel ieu urang patepung jeung Rinrin tokoh utamana.
Dina novel ieu Rinrin boga kabogoh nungarana Iyang alias Gumilang, Gumilang
maot sanggeus nyebut kalimah hayang kawin ka Rinrin, teuing rek kawin kasaha Gumilang
teh. Rinrin ngarasa sedih kulantaran Gumilang tos teu aya . Saacan Gumilang
maot gumilang teh tinggal di kosan sareng Ben jeung Rudi . Rudi mah pindah ka
jakarta pas Gumilang maot , janten Ben sorangan bae di kosan . Saprak Ben
sorangan Rinrin sok maturan Ben di kosan kusabab karunya . Ben beda jeung
Gumilang, rarasaan Rinrin mah , Ben teh teu jauh ti palaku pandukung, nu keur
ngaamiskeun suasana.
Di tempat Rinrin sok ngalamun , ngaran tempatna Rinrin
eta dingaranan Partenon . Rinrin papanggih jeung Suminar atawa Lisa
Kudrow, Rinrin ngarasa aneh, kusabab tara aya awewe nu datang ka partenon
tibatan manehna . Saatos wawawuhan lila-lila Rinrin beuki dalit sareng Suminar
nu raresep ngalangeu bari nyingkur , sok ngaroko jeung nguyup arak. Layeut pisan,
dalah terus jadi lesbian. Saatos layeut sareng Rinrin, Suminar maot saatos
ngomong kalimah rek kawin. Ari maotna teh kusabab aborsi ,da keur
kakandungan teuing ku saha, tapi Suminar embung bebeja ka Rinrin saha bapa
kandungna . Tadina kandungan rek digugurkeun tapi Suminar embungeun kusabab
embung nyieun dosa deui . Janten Suminar rek kawin sanggeus kawin deuk ka
Cihanjuang rek milu ninina tepi ka ngalahirkeun . Tapi saatos Suminar indit ka
Cihanjuang teh Suminar kalahkah aborsi . Rinrin sedih pisan. Sanggeus Iyang nu
ninggalkeun manehna, Suminar oge ninggalkeun manehna. Dina Pangmustunganana
Rinrin ge hayang kawin teuing kasaha da manehna mah mikirna yen jodo mah geus
aya nu ngatur. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan maneh tepi ka henteuna,
manehna ngarasa geus laksana papangantenan.
*Kalewihan Novel Panganten :
Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan
urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Jodo, pati, bagja, rejeung cilaka teh
geus aya nu ngatur. Ngan eta teh cobaan jadi urang kudu bisa mereskeun masalah
jeung tawakal .
*Kalemahan Novel Panganten :
Novel panganten teh loba kata-kata kasar jeung jorok, jadi
teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah. Tuluy loba kalakuan anu teu
pantes diconto rumaji siga nguyup arak jeung ngaroko
*Manfaat Novel Panganten :
Urang bisa nyokot hikmahna nyaeta dina hirup ieu pasti aya
masalah , lamun aya masalah tong lumpat ti masalah tapina dilawan jeung tong
putus asa kusabab Allah moal mere cobaan anu mahklukna teu mampu
Urang kudu bisa milah-milih lingkungan anu positif kusabab
lamun negatif urang bisa kababawa negatif , contona hamil di luar nikah emang
bahaya pisan keur kahirupan dunya akherat , siga Suminar anu hamil teras aborsi
teras maot, bebanna beban dunia jeung akerat
Artikel Lainnya
Tugas
- Resensi Sunda by M Rizky Prassandy
- Resensi Novel Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"
- Resensi Novel_Asti Nurhanifa
- Resensi Novel_Winaldha Restu Agung
- Resensi novel “baruang kanu ngarora” (FANI AHMAD FAUZI)
- Ku Nafasa Agnia : Silalatu Gunung Salak : Episode 1
- Resensi Novel - Farida Latifah Azari
- resensi novel sunda
- Resensi Novel M.Dika Susanto
- RESENSI NOVEL KU FARIS I P
- Resensi Novel
- Resensi Novel Fatimah Qona'ah
- RESENSI NOVEL SUNDA - ILA FAHLATI AMALIA
- Resensi Novel Sunda - Ulfah Nasti Wiliastuti
- RESENSI NOVEL SUNDA - Ayu Novia Robianti
- Resensi Novel - Siti Mulyani
- Resensi Novel - Grystina Situmorang
- Resensi Novel Sunda Mapag Perang Barata
- Resensi Novel - Farida Latifah Azhari
- Resensi Novel Sunda - Sugih Wiranto
- Novel Sunda - Annadhita Sricahya Safitri
- Resensi Novel Vera nurgustiani
- Resensi Novel Windi Tri Noviani
- Resensi Erditha M
Leave reply
Harap koment yg baik ya...