Resensi Elma Lukmayanti

                                             

Resensi novel Sunda
Judul : Demung Janggala
Pangarang : Tatang Sumarsono
Penerbit : Gégér Sunten
Kaca : 232



Novel ieu nyaritakeun Citarum ngagulidag umpal-umpalan. Emung, Listayu, Si ibi jeung Mamang jalaprang keur di udag-udag ku perjurit anu ngajajah dayeuh.Teu karasa Langit geus poék mamang Jalaprang néangan tempat jang istirahat nu kira-kira aman ti musuh . Peuting beuki Jempling , najan kitu pitunduheun teu waé datang . Anu saré téh ngan saukur  emung hungkul  ku sabab Emung mah budak leutik can ngartieun naon bahaya anu keur disanghareupeunana.
                Isukna , najan Srangéngé tacan meleték maranéhna geus neruskeun deui lalampahan . Geus mulai  karasa  lunsena awak , leumpang ti kamari kénéh panon nyileuk ti sapeupeuting . Pas maranéhna  keur cacapéna teu kanyahoan timana waé datangna, ka lebah manéhna jul-jol perjurit anu samakta pakarangna.Puguh wé mamang jalaprang kacida ngajenghokna.Mamang jalaprang sabisa-bisa ngajagaan listayu jeung Emung,kusabab tanagana teu sabanding Mamang jalaprang tilar harita kénéh.Saacan mamang Jalaprang tilar Emung nu keur diakod dina salasaurang perjurit nyokot keris anu nogél dina cangkéng perjurit anu manggulna.Teu asa-asa keris téh ku manéhna gancang dicabut.Gabres ditojoskeun kana lebah kekemplongan anu manggulna.
                Si Emung lésot tina aisan perjurit,manéhna lumpat satakeur kebek,saking ku sieunna si Emung nepika ngagebruskeun manéh ka Citarum anu rosa kénéh,teu lila ti Emung ngagebrus layon Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit.Listayu jeung si ibi asa geus masrahkeun manéh bari haténa ceurik gogoakan ningali si Emung jeung Mamang Jalaprang dikitukeun.Kusabab listayu keur memejeuhna , ku para perjurit téh henteu dibawa kadununganana di dayeuh,ngadon di keureum di hiji tempat bari dipaké silih gantian.
                Guyur salembur pametasan nimu budak bawa caah , nyangsang dina dapur haur anu nyolodor kana beungeut cai.Awak budak téh teruus digolérkeun dina keusik sisi walungan.”pencét geura beuteungna ,kang.Terus poréatkeun ngarah caina bijil.” Enya wé,tina sungut jeung liang irungna kaluar cai.Terus budak téh dibawa balik ku jalma anu béwosan,kabeneuran  si béwos téh teu bogaeun anak.Kacida pisan atohna si béwos manggih budak anu kasép béda ti budak kampung biasana,da puguh wé ku sabab Emung mah anak ménak.
                Nya ku si béwos budak téh diaku anak terus si béwos méré ngaran Demung ka éta budak. Mimitina si Emung embungeun  disebut Demung ku bapa kukutna tapi lila-lila mah geus kabiasaan jadi biasa wé manéhna disebut Demung. sagala kahayang Demung sabisa-bisa di cumponan ku indung jeung bapa kukutna, kabenerab budak téh kahayangna tara aranéh paling gé hayang anak manuk.    listayu jadi ngajubleg. Manéhna geus teu bisa di bebenah atawa di ajak cacarita, awakna geus ruksak, tapi aya alusna mah manéhna jadi dicul-jenkeun. Da basa keur langsing kénéh mah, ampir saban peuting di gabah ku perrjurit anu ngaboyongna. Hiji poé, ka tempat ngerem boyongan aya saabrulan deui perjurit , sawaréh tarumpak kuda diluluguan ku hiji senapati (Radén Sungsang). Manéhna kacida ngajenghokna pas ngadéngé yén Listayu téh anak Radén suranangga (jalma anu kungsi nulunganana baréto).Llistayu jeung si ibi dibawa maké tandu ka dayeuh. Radén Sungsang bageur pisan ka Listayu sagala kabutuhanana di cumponan.
                Beuki dieu Listayu beuki séhat ngan anu dipikasedih Listayu dina kaayaan kieu beut di parengan ku hamil, untungna aya si sibi anu terus mapagahan Listayu sangkan sabar. Saenggeus budak téh lahir listayu dijodohkeun ku Radén sungsang ka Cutak Cikalongwétan . Ngan Kanjeng Dalem hayangeun pisan ka Listayu sabenerna mah Listayu hayangeun ka Cutak Cikalongwétan, tapi moal matak pihadéeun lamun listayu nolak mah.
Demung diajarkeun numbsk ku bapana. “wuah, tumbak goréng patut, geus medu-medu acan janggalana ogé”
“ Naon Janggala téh bah?”
“Heueuh, seuseukeut tumbak” Tembal Bapa kukutna. Demung ngehuleng, teu lila pok nyarita deui,” Bah alus henteu lamun ngaran uing jadi Demung Janggala?” “kuma karep silaing” Tembal bapana.   
Hiji poé, demung maksakeun nanyakeun anu ti bareto hayang ditanyakeun ka abahna, manéhna nanyakeun naon sabenerna pagawéan bapana ti baréto. Ahirna bapana ngaku yén pagawéana téh tukang nga bégal, pas bapana mutuskeun rék ngeureunan pagawéanana budakna ngadon nyaram jeung rék miluan naon anu di pigawéan bapana. Ngan Demung mah leuwih wani tibatan bapana manéhna mah sok ngabégalan kalangan ménak bari maleskeun kanyeurina.
Demung jeung babaturana terus ngabégalan ménak ti dayeuh, nepika ngaran Demung Janggala katelah bégal pang di pikasieuna jeung pang di téangana. Hiji poé waktu manéhna ngabégal ménak anu rék indit ka pasirsalam, aya anu jadi pipikiran Demung nyaéta awéwé dina jero tandu anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung, dina pikirna naha awéwé téh jiga si aceuk, ngajéréwétna jiga si aleuk baréto lamun ninggali hileud. Beurang peuting awéwé éta jadi pikiran Demung. Manéhna mutuskeun rék indit ka Dayeuh jeung si Jangkung manéhna nyamar jadi tukang dagang. Lila Demung luak-luak manéhna manggihan nini-nini anu mirip jeung si Ibi. Demung nitah ka si Jangkung sangkan manéhna nuturkeun eta nini-nini lila Demung nungguan ahirna si Jangkung datang méré alamat imah éta nini-nini, teu mikir deui Demung langsung indit ka imah anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita iue manéhna téeh emung, tapi si ibi teu percaya, percaya-percaya téh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna. Terus Demung nyarita hayang manggilan lanceukna ngan hanjakalna lanceukna cicing di padaleman. Ahirna mah Demung papanggil jeung anu enggeus jadi pamajikan musuh gérot manéhna.


Kaunggulan novel : caritana nyieun urang sadar ka kahirupan sapopoe yen urang teh kudu jadi jalma bageur 
 Kakurangan novel : Bahasana hese dipikangarti kudu bener-bener di regepkeun jeung kandeulna teu kira-kira  
 Amanat Novel ‘Demung Janggala’ : Rek sakumaha musuh gerot na ge pasti bakal panggih deui atau malik jadi nyaah

Artikel Lainnya

One Comment

Harap koment yg baik ya...

Back to Top