ku Aty Fujiaty Setiawan



Resensi   Novel  Wilujeung  Enjing


Jejer Buku           Wilujeung  Enjing
Panulis                Yus Rusamsi
Pamedal                     : Mataair
Tempat Medal Buku  : Bandung
Citakan                      : Citakan ka-1  CV Komara 1967/ citakan ka-   2 Agustus 2008
Jumlah Kaca              : 43 Kaca


          Novel Wilujeung Enjing teh nyaritakeun carita hiji lalaki jeung hiji awewe nyaeta Uca jeung Anah . unggal poe Uca sok papanggih jeung Anah di terminal nungguan oplet lamun rek indit digawe , tina sok papanggih eta Uca jadi resep ka Anah . Anah oge sarua resep ka Uca , tapi nu ngarana awewe pasti ngan bisa nyumputkeun parasaanna.

          Anah jeung Ikah lain dulur anu katalian ku geutih , pedah Anah jeung Ikah kuliah di Fakultas nu sarua ngan Ikah lewih luhur tingkatanana dibanding jeung Anah . hubungan Anah jeung Ikah teh deket pisan , ngalewihan dulur anu sageutih . imah Anah teh jauh pisan ti Fakultas , jadi Ikah ngajak ka Anah jang cicing di imahna . nepika sare ge babarengan duaan , naon – naon sok sagala dicaritakan ka Anah . Anah sok ngarasa era cicing di imah Ikah , Anah sok mere duit ka indung Ikah jang biaya dahar jeung nu lianna tapi indung Ikah sok tara daek narima eta duit teh . cara lain Anah mulang tarima ka kaluarga Ikah teh mun balik ka Kuningan sok rejeng mawa beas jeung sayuran , jadi lain ngadekeutkeun duduluran Anah jeung Ikah wae tapi ka kalaurga Ikah jeung Anah oge.

          Hiji peuting Anah nyaritakeun kumaha caritana bisa dekeut jeung Uca , nepika bisa jadi kabogohna . Uca teh lalaki kasep anu pinter , boga sekuter , sok ngajajanan jeung mangmeulikeun sagala rupa ka Anah . tapi disisi lain , Anah sok mikir eta duit teh halal atau henteu da unggal barang anu dibikeun ka Anah hargana teh dua bulaneun gaji Anah , padahal pagawean Uca jeung Anah teh sarua pasti gajina ge moal beda jauh . Uca sok ngajak pelisir ka Anah , ngan dihiji mangsa Anah teh hayang ngajawab rasa panasaranna  ka Uca , timana bisa boga duit jang meuli sekuter jeung nulianna . pertamana Uca teh nyaritakeun yen asal manehna teh ti Kuningan tapi pas Anah nanya dimanana Uca teh ciga nu era pedah asli ti Kuningan kampung nu jauh kamana – kamana , terus Uca nanya yen bapak simkuring teh damel naon kuring jawab pensiunan pulisi , tapi Anah nanya ka Uca sarua kos tadi ciga nu era ngabejaan berarti manehna teh teu bisa narima takdir anu geus ku Pangeran bere kamanehna . tapi Anah bisa ngamaapkeun masalah eta mah , ngan pas Uca yarita deui pangalaman digawena teh kuat ngayeuri hatekeun  Anah . Anah ngomong ka Uca yen nu utama dina hirup mah kudu boga iman , percaya yen Pangeran teh welas asih , percaya yen sagala tarekah anu dipirido ku anjeunna baris ginuluran . ti saprek pasea eta Anah jeung Uca tara papanggih deui , pas 3 bulan teu papanggih ahirna Uca papanggih jeung Anah . Uca nyarita yen ayeuna manehna geus ngarobah diri jadi anu leuwih alus ti kamari , ahirna Uca jeung Anah ngajalin hubungan anu di mimitian ku “ wilujeung enjing ”

          Jadi , panulis ngabejaan ka urang yen urang kudu boga tatakrama anu sopan ameh boga dulur anu loba tur dekeut ciga anu boga patalian geutih , kudu boga iman , kudu bisa mihapekeun hirup , percaya yen Pangeran teh welas asih, ulah nyalahkeun takdir , kudu neangan duit teh dijalan anu halal , jeung lain neangan kabahagian di dunya wae tapi kudu mikirkeun oge engke jang di ahirat.

          Kalemahanna ieu novel teh , dina paripolah barudak ayeuna anu jauh ti agama dina ngajalin hubungan asmara jeung teu mikirkeun eta pagawean teh halal atau henteuna nu penting boga duit .
         
          

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top