Resensi novel
Judul : Demung Janggala
Pangarang : Tatang Sumarsono
Penerbit : Gégér Sunten
Kaca : 232
Citarum caah rosa, ngagulidag
umpal-umpalan. Emung, listayu,ibi,jeung mamang jalaprang nu keur di udag-diudag
ku musuh anu teu resepeun ka Bapana Emung
(Radén Surangga) Salaku Senapati di dayeuh .Ku sabab Citarum ngagulidag
mamang Jalaprang mutuskeun yén manéhna
pamajikanana , jeung asuhanana Leumpang
mipir-mipir Citarum.
Teu
karasa Langit geus poék mamang Jalaprang néangan tempat jang istirahat nu
kira-kira aman ti musuh . Peuting beuki Jempling , najan kitu pitunduheun teu
waé datang . Anu saré téh ngan saukur
emung hungkul ku sabab Emung mah
budak leutik can ngartieun naon bahaya anu keur disanghareupeunana.
Isukna
, najan Srangéngé tacan meleték maranéhna geus neruskeun deui lalampahan . Geus
mulai karasa lunsena awak , leumpang ti kamari kénéh panon nyileuk ti sapeupeuting . Pas maranéhna keur cacapéna teu kanyahoan timana waé
datangna, ka lebah manéhna jul-jol perjurit anu samakta pakarangna.Puguh wé
mamang jalaprang kacida ngajenghokna.Mamang jalaprang sabisa-bisa ngajagaan
listayu jeung Emung,kusabab tanagana teu sabanding Mamang jalaprang tilar
harita kénéh.Saacan mamang Jalaprang tilar Emung nu keur diakod dina
salasaurang perjurit nyokot keris anu nogél dina cangkéng perjurit anu
manggulna.Teu asa-asa keris téh ku manéhna gancang dicabut.Gabres ditojoskeun
kana lebah kekemplongan anu manggulna.
Si
Emung lésot tina aisan perjurit,manéhna lumpat satakeur kebek,saking ku
sieunna si Emung nepika ngagebruskeun manéh ka Citarum anu rosa kénéh,teu lila
ti Emung ngagebrus layon Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit.Listayu jeung
si ibi asa geus masrahkeun manéh bari haténa ceurik gogoakan ningali si Emung
jeung Mamang Jalaprang dikitukeun.Kusabab listayu keur memejeuhna , ku para
perjurit téh henteu dibawa kadununganana di dayeuh,ngadon di keureum di hiji
tempat bari dipaké silih gantian.
Guyur
salembur pametasan nimu budak bawa caah , nyangsang dina dapur haur anu
nyolodor kana beungeut cai.Awak budak téh teruus digolérkeun dina keusik sisi
walungan.”pencét geura beuteungna ,kang.Terus poréatkeun ngarah caina bijil.”
Enya wé,tina sungut jeung liang irungna kaluar cai.Terus budak téh dibawa balik
ku jalma anu béwosan,kabeneuran si béwos
téh teu bogaeun anak.Kacida pisan atohna si béwos manggih budak anu kasép béda
ti budak kampung biasana,da puguh wé ku sabab Emung mah anak ménak.
Nya ku
si béwos budak téh
diaku anak terus si béwos méré ngaran Demung ka éta budak. Mimitina si Emung
embungeun disebut Demung ku bapa kukutna
tapi lila-lila mah geus kabiasaan jadi biasa wé manéhna disebut Demung. sagala
kahayang Demung sabisa-bisa di cumponan ku indung jeung bapa kukutna, kabenerab
budak téh kahayangna tara aranéh paling gé hayang anak manuk. listayu jadi ngajubleg. Manéhna geus teu
bisa di bebenah atawa di ajak cacarita, awakna geus ruksak, tapi aya alusna mah
manéhna jadi dicul-jenkeun. Da basa keur langsing kénéh mah, ampir saban
peuting di gabah ku perrjurit anu ngaboyongna. Hiji poé, ka tempat ngerem
boyongan aya saabrulan deui perjurit , sawaréh tarumpak kuda diluluguan ku hiji
senapati (Radén Sungsang). Manéhna kacida ngajenghokna pas ngadéngé yén Listayu
téh anak Radén suranangga (jalma anu kungsi nulunganana baréto).Llistayu jeung
si ibi dibawa maké tandu ka dayeuh. Radén Sungsang bageur pisan ka Listayu
sagala kabutuhanana di cumponan.
Beuki
dieu Listayu beuki séhat ngan anu dipikasedih Listayu dina kaayaan kieu beut di
parengan ku hamil, untungna aya si sibi anu terus mapagahan Listayu sangkan
sabar. Saenggeus budak téh lahir listayu dijodohkeun ku Radén sungsang ka Cutak
Cikalongwétan . Ngan Kanjeng Dalem hayangeun pisan ka Listayu sabenerna mah
Listayu hayangeun ka Cutak Cikalongwétan, tapi moal matak pihadéeun lamun
listayu nolak mah.
Demung diajarkeun numbsk ku
bapana. “wuah, tumbak goréng patut, geus medu-medu acan janggalana ogé”
“ Naon Janggala téh bah?”
“Heueuh, seuseukeut tumbak” Tembal Bapa kukutna. Demung ngehuleng, teu lila pok nyarita deui,” Bah alus henteu lamun ngaran uing jadi Demung Janggala?” “kuma karep silaing” Tembal bapana.
“ Naon Janggala téh bah?”
“Heueuh, seuseukeut tumbak” Tembal Bapa kukutna. Demung ngehuleng, teu lila pok nyarita deui,” Bah alus henteu lamun ngaran uing jadi Demung Janggala?” “kuma karep silaing” Tembal bapana.
Hiji poé, demung maksakeun
nanyakeun anu ti bareto hayang ditanyakeun ka abahna, manéhna nanyakeun naon
sabenerna pagawéan bapana ti baréto. Ahirna bapana ngaku yén pagawéana téh
tukang nga bégal, pas bapana mutuskeun rék ngeureunan pagawéanana budakna
ngadon nyaram jeung rék miluan naon anu di pigawéan bapana. Ngan Demung mah
leuwih wani tibatan bapana manéhna mah sok ngabégalan kalangan ménak bari
maleskeun kanyeurina.
Demung jeung babaturana terus
ngabégalan ménak ti dayeuh, nepika ngaran Demung Janggala katelah bégal pang di
pikasieuna jeung pang di téangana. Hiji poé waktu manéhna ngabégal ménak anu rék
indit ka pasirsalam, aya anu jadi pipikiran Demung nyaéta awéwé dina jero tandu
anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung, dina pikirna naha awéwé téh jiga si
aceuk, ngajéréwétna jiga si aleuk baréto lamun ninggali hileud. Beurang peuting
awéwé éta jadi pikiran Demung. Manéhna mutuskeun rék indit ka Dayeuh jeung si
Jangkung manéhna nyamar jadi tukang dagang. Lila Demung luak-luak manéhna
manggihan nini-nini anu mirip jeung si Ibi. Demung nitah ka si Jangkung sangkan
manéhna nuturkeun eta nini-nini lila Demung nungguan ahirna si Jangkung datang
méré alamat imah éta nini-nini, teu mikir deui Demung langsung indit ka imah
anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita iue manéhna téeh emung, tapi si
ibi teu percaya, percaya-percaya téh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna.
Terus Demung nyarita hayang manggilan lanceukna ngan hanjakalna lanceukna
cicing di padaleman. Ahirna mah Demung papanggil jeung anu enggeus jadi
pamajikan musuh gérot manéhna.
Artikel Lainnya
Tugas
- Resensi Sunda by M Rizky Prassandy
- Resensi Novel Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"
- Resensi Novel_Asti Nurhanifa
- Resensi Novel_Winaldha Restu Agung
- Resensi novel “baruang kanu ngarora” (FANI AHMAD FAUZI)
- Ku Nafasa Agnia : Silalatu Gunung Salak : Episode 1
- Resensi Novel - Farida Latifah Azari
- resensi novel sunda
- Resensi Novel M.Dika Susanto
- RESENSI NOVEL KU FARIS I P
- Resensi Novel
- Resensi Novel Fatimah Qona'ah
- tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel
- RESENSI NOVEL SUNDA - ILA FAHLATI AMALIA
- Resensi Novel Sunda - Ulfah Nasti Wiliastuti
- RESENSI NOVEL SUNDA - Ayu Novia Robianti
- Resensi Novel - Siti Mulyani
- Resensi Novel - Grystina Situmorang
- Resensi Novel Sunda Mapag Perang Barata
- Resensi Novel - Farida Latifah Azhari
- Resensi Novel Sunda - Sugih Wiranto
- Novel Sunda - Annadhita Sricahya Safitri
- Resensi Novel Vera nurgustiani
- Resensi Novel Windi Tri Noviani
Leave reply
Harap koment yg baik ya...