RESENSI NOVEL SUNDA - Ayu Novia Robianti



Jejer Buku : Si Bedog Panjang
Panulis : Ki Umbara
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan ka-1, Rachmat Cijulang 1967
                 Citakan ka-2, Rachmat Cujulang 1973
         Citakan ka-3, Kiblat Buku Utama Shafar 1433 H./januari                                  2012
Kandel Buku : 88 halaman
                              


Novel Si Bedog Panjang ieu nyaritakeun Aya budak lalaki ngaranna Sunarya, manehna dipaksa sakola ku bapa terena nyaeta Ki Sadiman. Sunarya embung sakola sabab manehna sieun jeung dipaksa ngagantikeun lanceukna sakola nyaeta kang Winarya umurna teh 15taun, ari sunarya masih keneh kelas 4sd. Salama diasrama Sunarya teh pura-pura jadi kang Winarya, anu apal teh ngan ukur Yunus jeng Cece nyaeta kokolot murid anu ngabaturan Sunarya jeung ngabantun sareng ngajaga Sunarya diasrama.
Hiji peuting aya Si Bedog panjang unggal kamana-mana manehna mamawa senter jeung bedog tuluy neangan kang Winarya. Nyangkana, Sunarya teh kang Winarya padahal mah lain. Manehna neangan kang Winarya sabab hayang nyaho dimana nitipkeun  titipan Ki Sadiman nyaeta bapa tegesna Winarya nu ayeuna teh keur aya dibui geus opat taun. Sunarya teu nyaho nanaon nu dititipkeun ku bapa terena.

Pas pakansi sakola Sunarya ngajak Yunus sareng Cece pakansi ka lembang nyaeta ka imah ninina. Diditu Sunarya, Yunus jeung Cece ulin ka Gunung, teras ngajiret Cangehgar ka leuweung. Kabeneran pas Sunarya keur pakansi ka lembang emang na ti cikareo datang ka imah nini nyaeta Mang Murnasim. Sunarya, Yunus sareng cece ngarobrol sareng Mang Murnasim nepi ka peutingna. Geningan Kang Winarya teh aya dilemburna Sunarya di lembang manehna nyamar jadi si Wawan ku naon sababna Kang Winarya nyamar ameh manehna teu kapanggiheun ku Si Bedog Panjang.
Peuting-peuting pisan Sunarya nyamperkeun ka imahna Wawan nyaeta Kang Winarya. Yunus sareng Cece nuturkeun Sunarya ditukang. Kang Winarya nitipkeun titipan bapana ka Sunarya nyaeta cepuk nu isina teh teu apal nanaon. Si Bedog Panjang datang ngarontok cepuk nu lesot tina leungeunna sunarya, Yunus jeung Cece datang nyalamatkeun eta cepuk, Si Bedog Panjang labuh tuluy menehna lumpat. Teras eta cepuk teh dititipkeun heula ka Yunus.

Isukna Sunarya, Yunus jeung Cece deuk baralik pakansi ka asrama. Mang Murnasim ngajak bareng ka stasion kareta api. Samemeh balik Mang Murnasim nyiapkeun oleh-oleh nu geus dijieun tingkem nu eusi na mang rupa-rupa kadaharan kampung. Mang Murnasim mere nyaho mun aya bawaen anu aya hargaan tong disimpen dina kantong mending tina tingkem ameh teu kacopetan. Sunarya, Yunus jeung Cece nurut omongan Mang Murnasim. Geus di Stasion kareta, Sunarya, Yunus, Cece jeung Mang Murnasim naek kareta. Mang Murnasim mawa tingkem nu sarua percis jeung Yunus, Mang Murnasim nukeurkeun eta tingkem . Tuluy Mang Murnasim teh turun tina Kareta. Padahal mah eta cepuk teh geus ditukerkeun ku Yunus nu eusi na karikil hungkul. Nu eusi asli na mah dibawa ku Yunus.
Sunarya, Yunus jeng Cece geus aya diasrama. Sunarya boga kabar sedih bapa terena pupus. Poe isukna Kang Winarya teh rek ulin ka asrama rek nyokot eta cepuk nu aya di Sunarya, Si Bedog Panjang nyahoeun poe ayeuna teh bakal aya Kang Winarya rek mawa eta cepuk. Kang Winarya geus datang ka asrama. Yunus jeung Cece kabeneran maranehna keur rek ka dapur asrama geuningan aya jelema bulak-balik wae ditukangen asrama nyaeta Si Bedog Panjang. Yunus jeung Cece nyieun strategi jeung babaturan asrama rek nangkep eta Si Bedog Panjang. Pas Si Bedog Panjang katangkep ku Yunus jeung Cece geuningan Si Bedog Panjang teh nyaeta Kang Murnasim. Yunus jeung Cece Kaget. Mang Murnasim era tunggkul, Yunus jeung Cece ngajak Mang Murnasim ka kamar na. Jadi salama ieu Mang Murnasim teh Si Bedog Panjang tea nu ngarebutkeun cepuk titipan Ki Sadiman. Mempeung kabeuhna keur araya Yunus ngumpulkeun Sunarya, Winarya jeung Mang Murnasim nyeleseikeun ieu masalah.

Jadi sebenerna cepuk nu diparebutkeun ku Mang Murnasim nyaeta Si Bedog Panjang jeung Ki Sadiman teh anu bogana indung Sunarya nyaeta tos pupus , eusi eta cepuk teh barang-barang perhiasan anu marahal ti bapa tegesna Sunarya nyaeta Ce Amir lain ti bapa nu ayeuna Ki Sadiman. Ki Sadiman mah malah hayang eta perhiasan teh jang manehna, saatos manehna kaluar dibui karek eta barang di Kang Winarya teh ka Ki Sadimankeun. Malah Kang Winarya mah teu nyaho eta cepuk teh eusina naon, komo deui sunarya teu nyaho nanaon. Tungtungna mah ieu masalah teh dibereskeun kana pembagian waris make cara hukum islam, Kang Winarya jeung Sunarya kabagean ieu harta teh satengah ewang. Malah Sunarya mah harta warisanna dibagi jang Mang Murnasim tuluy manehna hayang Mang Murnasim nganggap Kang Winarya jeung Sunarya diangkat jadi anakna.  


Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top