Hiji
Imah anu ngariung lima disaburuankeun di wewengkon Margaluyu ngadadak rame ku musik dangdutan. Sakabeh panon lir dihipnotis museur kana layar kaca. Lobaan oge panon teh. Geura we tataan, nya? Di barisan panghareupna aya panon Peter, Arestia, Zakia jeung Istiqomah. Sisi kenca-katuhueunana aya panon Habibah, Reza, Aulia, Bayu, Amin, Nunik…
Ambuiiing, etah panon Adzimattinur budak lembut umur dua taun anu kuduna wanci ngeleyep lir lampu lima watt oge… pipilueun, euy!
Jleeeng!
Geus ngabaku tamah Butet ngajleng tilu umpakan disakaliguskeun ti loteng. Siiiuuuut… hhhkkk, cenah, manehna ngerem disakalikeun deui bae. Sajongjongan mah budak awewe umur tiluwelasan teh molotot mata simeuteun, heran mireng kalakuan barudak. Enya dulur-dulur sabrayna, sanini-saaki ti pihak indungna.
Indung jeung bapana geus taya dikieuna alatan kacilakaan kapal terbang dua taun katukang. Mimitina mah Butet dirawatan ku kulawedet bapana. Ngan beak dikakaya ku emang-bibi jeung dulur-dulur sabrayna di Jakarta. Sataun kaliwat kulawedet indungna hasil meunangkeun hak perwalian Butet, numutkeun kaputusan Pangadilan. Moal bisa diganggu gugat deui, ongkoh budakna oge leuwih bagja cicing di tengah kulawedet indungna.
Aya sawatara sekon mah panon Butet kabawakeun museur kana televisi 30 inch. Ngan barang pirajeunan ngareret ka palebah lawang panto, bet aya anu ngurumuy, dikukuncung hideung lir… naon nya?!
“Whooooaaaa!” Butet ngaweuleuhweuh, kituna teh bari adugabret tea.
Gorowokna
kontan dibarengan ku gorowok barudak, antukna pating jarerit pating
koceak alahmanan di pajagalan weh. Puguh imah utama paragi Nini Dijah
niis anu sasarina adem-ayem, tiis tingtrim teh ngadadak ibur.
Atuh
anu nyicingan imah kenca-katuhueunana oge rajol, teu sirikna
tibabaranting muru rohang kulawedet Nini Dijah. Tingali we geura, Tanteu
Irin, Tanteu Riani, Tanteu Siti kalih caroge sewang-sewang; Um Didih,
Um Bimo jeung Um Danang. Aeh enya, Tanteu Riani jeung Tante Siti mah
kocapkeun keur garendut deui. Sarua umur utun injina teh deuih tujuh
bulan. Mani kompak, nya?
“Astaghfirullaaah…” Euis ngagerencem bari gogodeg.
Cikeneh
Euis oge sukses luncat disakalikeun tina tetecean pangluhurna. Bubuhan
taekwondoin ti lelembut, rengkak paripolahna mungguh sing sarwa
rancingeus. Nasibna sarua jeung Butet, kiwari dirorok ku kulawedet
indungna di Cimahi. Saminggu ti kajadian indung-bapa Butet katiwasan,
Euis oge kamusibatan. Mobil indung-bapana ragrag ka jurang di Puncak.
Samemeh
ngahiji di imah anu jadi nini, Euis jeung Butet hirupna lir kalakay.
Taya sumanget, sararedih, mungguh matak pikarunyaeun anu ningal. Ngan
barang geus ngahiji sataun kaliwat, pasipatan maranehna dadak sakala
robah total. Balik deui sabihari, sumanget, pinter, resep heureuy malah
ngaharib-harib atraktif.
Ongkoh
remen kawenehan nembongkeun kamampuhna, nyaeta kakuatan supranatural,
telekinetik. Ngan tara dikaluarkeun sambarangan, kitu we lamun nincak
kaayaan darurat.
“Aduuuh, aku pikir dia itu… dia itu… poconglah!” beungeut Butet tangka pias lir… pocong!
Sakapeung
nyaritana direumbeuy keneh ku lentong Batak. Bubuhan bapana Daniel
Rajagukguk, asli terah Batak. Manehna tutunjuk keneh ka palebah Haekal.
Karek balik ti masjid, pirajeunan sarungna dibagudedkeun kana sirahna.
Barudak
eureun ributna sanggeus lalumpatan kana tangkeupan indungna
masing-masing. Peter, panggedena ti tiluwelas incu nyampeurkeun Haekal
anu geus ngudaran sarung hideungna.
Peter
lanceukna Haekal, Zakia, Istiqomah, Habibah jeung Aulia. Maranehna
anakna pasangan Um Didih-Tanteu Irin. Amin jeung Nunik anakna pasangan
Um Bimo-Tanteu Siti. Sedengkeun Reza, Arestia jeung Bayu anakna pasangan
Tanteu Riani-Um Danang. Ari Euis anakna Andini, dulur kembar Andina
indungna Butet. Anakna Nini Dijah-Aki Aba (tos maot) anu kadua.
“Nyingsieunan
bae!” ceuk mahasiswa Kedokteran Unpad, nonjok laun beuteung adina.
Haekal, mahasiswa Teknik Informatika-ITB malik kukulutus.
“Sakieu kasepna geura… kalah disangka pocong? Wheeeiii!” Manehna pamer beungeut. Cengar-cengir tampa dosa, kereeen!
“Mana kutahu kalau itu kau!” Butet ngumpulkeun pangacianana.
“Salah sorangan! Sidikanan wancina dialajar, kalah lalajo…”
“Ngeboooor… Inuuul!” barudak gasik megat kalimah Haekal. Bari pating irihil ayeuna mah.
Puguh Tanteu kalih Um garogodeg. Sajongjongan mah para sesepuh mere
piwejang, kuliah sacara estafet tea. Barudak bati arunggut-unggutan,
heueuh-heueuh buek, duka didenge henteuna mah. Karek rengse kuliah
estafetna basa aya sora bel.
Nini
Dijah nembe uih ti pangaosan. Mangkaning pangaosan Ibu Guru, tangtu
aya berekatna teh. Bener we, barang panto dibuka ku Um Didih, lol Nini
Dijah ngajingjing kantong keresek eusi berekat… Ana gerewek teh!
“Nini…!” ceuk sawareh.
“Berekaaaattt…!” ceuk sawarehna deui. Barudak pating beretek moro Nini
Dijah. Meh weh anu jadi Nini Dijah ngagubrag nyungsep. Hadena Butet
kompak jeung Euis gasik nyangga tonggong ninina.
“Masya
Allah! Na aya barudak…” Nini Dijah teu kebat gegelendeng. Buru-buru
masrahkeun berekatna ka Peter anu pangmerodna ngengenyang keresek tina
panangan ingkang nini.
Henteu
gede henteu leutik sarua bae. Resep jeung panasaran ari geus
marebutkeun nini-nini… ups, berekatna! Rek beunang rek henteu da apal
kadaharanana oge teu sabaraha. Pentingna mah eta palebah silih sered
silih dorong, kituna teh bari pating cikikik. Heee-booooh, Meeen!
“Asoooy…” ceuk Peter bari ngaronyok berekat.
“Gebooy, euy…!” adi-adina nyambung.
Haekal gogodeg, manehna mah ngakuna geus jadi ikhwan. Getol ka masjid,
aktif di pangajian boh di kampus boh di kampung, leubeut bacaan Al
Quranna, fasih hadis Rasulullah. Karesep make baju koko, calana bodas,
peci bodas, sakapeung nyalindangkeun burdah atawa sajadah. Disarebutna
oge Al Ustadz Komputer, pedah eta cenah kacanduan ngadedeluk nyieun
program komputer. Tapi kituna teh bari jeung tara poho nyiar elmu
pangaweruh Islam.
Koloyong Haekal ka hareupeun televisi, jetrek dipareuman. Sedengkeun
para Tanteu kalih caroge sanggeus amitan ka Nini Dijah mah, nyalingkir
baralik deui ka imahna masing-masing. Sareretan Euis mireng Tanteu Siti
jeung Tanteu Riani gegerendengan teu jelas, kituna teh bari ngusapan
beuteung. Amit-amit jabang bebi sugan?
Sakedapan
mah Euis jeung Butet bati ceuleumeut, heg silih teuteup. Kajadian siga
kieu, marebutkeun berekat nini-nini geus biasa deui di kulawedet
Margaluyu 75. Ngan angger we matak kaget maranehna.
“Miluan?” ceuk Euis bari ngiceupan Butet.
“Oce Booos!” tembal Butet. Antukna budak ABG, ceuk basa gaulna mah, miluan ngaronyok berekat.
***
Basa
baralik deui ka kamarna di loteng. Butet jeung Euis nyigeung fenomena
Inul Daratista. Mimitina mah maranehna teu apal ka biduan dangdut
Pasuruan, Ratu Ngebor. Ngan babaturanana di sakola asa mingkin rame bae
nyaritakeun Inul Surinul, eh, Daratista. Jadi weh kabawakeun panasaran!
“Vokalna mah payah-payah-payaaaah pisan, nya!” Euis kukulutus.
“Barina ge lain vokalna anu dijual, tapi ngeborna, goyang dombreeet!”
“Heeh, gara-gara digencarkeun pisan beritana ku media televisi…”
“Yap, bajinguklah itu!”
Euis mesem ngadenge lentong Butet anu dipikanyaah. Manehna ngarandeg hareupeun kamarna.
“Eh, Tet… Tadi teh naha enya kabehanana keur lalajo si Inul?”
“Iyalah
begitu. Aa Peter pun kulihat tadi ikutan melototin ngebornya!” Butet
gagaro buukna anu dijilbab kaos. Gancang dileupaskeun jilbab kaosna,
breh weh buukna anu trondol. Persisss budak lalaki!
Euis
mureleng kana trondolna, curiga. “Naon… kutuan, katombean?” Meh sataun
babarengan, Euis asa tacan mireng buuk Butet manjangan. Hayoh weh
pondok, sakitu-kitu keneh. Sugan dicukuran sorangan?
“Enak saja kau!” Butet nyureng. “Ngebor… do you remember, ngebooor?! Ini urusan si Inul lah, Euis. Bukan rambutku, bah!”
Euis
nyengir. Dasar anak Batak. Sanajan sabeulah oge, angger we make bah,
bah jeung lah. “Kan ngebornya identik sama kutuan, ketombean, hihihi…”
Euis
loncat asup ka kamarna. Kahayangna mah gancang ditutup. Eeeh, edas we!
Butet gasik ngaganjel pantona ku sabeulah sukuna. “Bah! Tacan beres
ngabahasna, yeuh, Iiis!” cenah ngahembos lir anu kaladaan cabe hejo bae.
Panonna
nyureng ngaburilak lir panon heulang. Euis garo-garo teu ateul,
ngarorod kaos jilbabna, lung diapungkeun kana luhureun dipan. Bayatak ku
buku. “Ngebut nyieun laporan penelitian cai tea, Butet. Help, don’t
disturb please…” cenah kadenge serieus.
“Deueu, abong-abong finalis murid teladan sa-Cimahi!”
“Ulah
sinis kitu atuh, Neng! Suer serieus, yeuh! Lamun kapilih apan meunang
bea-siswa. Lumayan keur ngurang-ngurang beaya Nini…”
Panon Butet ngaburilak deui. “Egoooiiis!” cenah lir gemeseun.
“Aduuuh… asuplah, asuuuup!” Euis ngelehan, Sup Butet ngabebeskeun awakna anu bongsor ka jero kamar Euis. Bener bayataaak!
“Demi kebaikan umat nih, yeaaah?” cenah sumanget ku ghirah Islam.
“Rek ngabahas naonana sih?” Euis henteu sabar.
“Soal si Inul Surinul itulah tadi. Cem mana kau ini, hah…?!”
“Hahaha…”
Euis nyeuleukeuteuk. Bener-bener asli mbataaak! Butet teu malire anu
kagugu ku lentong manehna. Der manehna nuluykeun kahariwang hatena.
“Ini
nggak bisa dibiarkan lagi, Is! Ngebor Inul makin marak saja di media.
Betul-betul sudah jadi wabah… Apa mereka nggak kasihan sama generasi
kita? Mending kalo anaknya menyikapi dengan baik dan benar. Kalo
menyikapinya negatif… gimana hayoo?!” Mani nyoroscos lir hujan
ninggangan kenteng bae.
Euis
bengong. Saha anu nyangka, budak anu asalna apatis, a-sosial, robah
total? Kebek ku empati, perhatian kana situasi-kondisi lingkunganana.
Ti iraha nya kituna teh? Sigana mah ti saprak cicing di kulawedet Nini
Dijah. Diciprukan kadeudeuh, dibaluran kanyaah sarerea. Tug nepikeun ka
beunang hidayah-Na ti Gusti Allah Anu ngeundeurkeun sakabeh hate manusa.
“Sok atuh, kumaha saran kandidat siswa teladan sa-Jabar teh?” cenah
sanggeus medar sagala kahariwang hatena. Goyang ngebor teh matak
ngarugrugkeun moral barudak, cenah keukeuh.
“Euh, saran naon atuh nya?” Euis kalah malik nanya, kituna teh bari
kerung-kerung we. Butet ngadagoan kalawan sabar. Apan sasarina oge Euis
pang gresna mun geus mere nasehat.
Barang
direret ka gigireunana, eeh, budak teh! Panon Euis kalah mencrong leleb
kana layar komputerna. Penelitian cai geus saminggu dipigawean bareng
kelompokna. Make kudu turun ka lapangan sagala. Walungan leutik Cimahi
anu kiwari mah geus butek, kotor, jarorok loba runtahna.
Aya
pabrik tahu-tempe, geus loba spesis anu arilang tanpa karana duka
kabawa nahaon mah. Terus, kumaha atuh nyieun laporanana? Sangkan genah
dibaca pas dipresentasikeunana isukan, hayoooh kumaha tah?
“Iiis… Alooo, darliiiing?!” Butet leungiteun kasabaranana.
“Hmmm…” Euis asal nginyem. Butet neges-neges dulur sabrayna.
Whoooi!
Panon Euis manteng-manteng we kana layar komputer. Butet ngabarkeun
talapak leungeunna hareupeun beungeut Euis. Nehiiii!
Nyambung
Artikel Lainnya
Info
- Dari gerobak cendol, Rochman yang tak lulus SD kini miliki resto
- Petunjuk Al-Qur’an Tentang Makhluk Berakal di Luar Planet Bumi
- Reaksi Tubuh Saat Menghisap Rokok
- Pranav Mistry The Sixth Sense Technology
- 10 Kesalahpahaman tentang kesuksesan
- Ketahui Sifatmu dari Posisi Tidurmu
- Kuasai Kecerdasan Emosi Anda!
- Semua Orang Mempunyai Kemampuan Membaca Pikiran?
- Lakon: Pada Suatu Ketika
- Blog Indah, Isinya pun Indah!
Leave reply
Harap koment yg baik ya...