Resensi Novel Vera nurgustiani


Resensi Novel Sunda
“Carios Agan Permas”


Jejer : Carios Agan Permas
Pangarang : Joehana
Panerbit :  PT. Girimukti  Pasaka
Tahun Terbit:  1996
Kandel Buku : 192 halaman
Panjang Buku : 21 cm


             Novel karangan Joehana anu judulna Carios Agan permas nyaritakeun kahirupan sapopoe nyaeta ngenaan jelema anu malarat. Dimimitian caritu ku aya hiji kulawarga anu kacida susahnya hirupna pinuh ku kamalarantan di tambah ku loba hutang nyaeta Bapa Imba jeung ambu Imba sarta dua budakna Imas jeung Ena,  Bapa imba sakulawarga  dina Carios gan Permas anu jadi buruh tani , jadi korban katelengesanana Haji Serbana. Cara Haji Serbana di Carios Agan Permas  anu jadi lintah darat tur resep ngajujur napsu da agama jeung kahajianna nngan ukur kedok , keur nutupan kasakahan atina.
            Joehana dina Carios Agan Permas  geus ngagambarkeun kaayaan hirup bangsa pribumi nu miskin cara Bapa Imba anu teu pisan ditangtayungan ku hokum, jeung urang walanda cara Tuan Kawasa Van Der Zwak anu bisa sakarepna nganteur kahayangna sangkan laksana.
            Roman Carios Agan Permas  teh  kota Bandung jeung sabudeuranana jeung kota Jakarta. Jalma pantar Imas , lamun lain ku kabeneran (Tuan Kawasa  Van Der Zwak mikapalay nyai  ka menak Raden Agan Permas nyaeta dunungan Imas, ngan  horenganan teh geus nikah) mustahil Imas bisa asup kana lingkungan kahirupan Tuan Kawasa.
            Bapa Imba anu sakitu suhudna kalah jadi wadal Haji Serbana, ditambah ku nasib sial sabab sawahna garung, melak laluk kalah katarajang banjir, ahirna bisa disebutkeun yen Bapa Imba maot ku kamiskinan. Otong nu sarua suhudna jeung mitohana kudu ninggalkeun pancabakanana minangka tukang batu pindah jadi tukang cai di Jakarta, ahirna oge maot dina kamiskinan, ninggalkeun hiji budak nu leutik keneh nyaeta Brani.Ahirna Brani di urus ku urang walanda Tuan Human, di sakolakeun diajarkeun bahasa walanda.
            Dina carita  ieu urang rea manggihan kecep-kecap basa walanda, tangtu bae da dina caritana kahirupan jaman baheula nu ngabaur keneh jeung jalma-jalma walanda. Jeung deui mindeng manggihan ucapan-ucapan papatah eusi jeung rumusan atawa papatah dia buku beda jeung kajadian anu dicaritakeunnana upamana papatah ngenaan “ manusa mah tara cicing dina hiji martabat” “hiji kasangsaraan the jdi panto kabungahan jeung kasenangan asal ulah weleh ihtiar”, apan henteu kabuktina dina carita fiksina mah, da bapa Imba anu sakitu malaratna tur henteu weleh ihtiar sangkan bisa ngahirupan anak pamajikan apan kalh maot da sasatna katutuh ku sawah garug jeung pelak lauk kabanjiran.
            Tuluy dicaritakeun kudununa nu baleunghar teh nurutan Brani, mikanyaah ka nu malarat, mikaasih kanu mariskin. Apan Brani mah teu terus jadina Tuan Kawasa di kontrakan Sukawarna teh , sabada meunang warisan ti indungna manehna “eureun digawena, sarta rajakayana nu lain saeutik teh dipake nyieun rumah-rumah misikin, sakola-sakola miskin jeung budak pahatu, rumah sakit jang nu mariskin jeung jaba ti eta. Nepi ka manehna mah hirup basajan bae. Upama anjeun datang kana vergadering nu enya enya rek mikanyaah ka nu malarat di dinya anjeun bakal kapanggih jeung Brani.
            Tangtu masih keneh jadi pertanyaan, naha lamun nu baleunghar kikituan teh, masalah kamiskinan jeung diperesna nu miskin ku nu baleunghar jeung kaum modal baris tuluy lekasan? Tur nu jadi pertanyaan anu utama mah, naha eta gagasan teh bisa dilaksanakeun atawa moal?
            Cindekna angen-angen Joehana sangkan nu baleunghar rurutan Brani teh henteu realistis malah utopis sipatna anjuran sangkan “asih ka nu miskin , nyaah ka nu malarat” teh ngan baris jadi kacapangan wungkul, anu dina prakana mah baris pabentar jeung sipat-sipat manusa nu sarakah jeung leuwih mentingkeun dirina  tibatan anu lain.
            Tapi tangtu Joehana oge insa, ye memeres masalah kamiskinan jeung ngaleungitkeun kateuadilan masarakat mah lain kawajibanana hiji pangarang roman atawa “surealis”. Kawajibanana geus kacumponan lamun anjeunna dina karangan-karanganana geus bisa ngajak anu maracana sangkan nenjo kana ayana kateuberesan jeung kateuadilan masarakat dina pakumbuhan sakurilingeunana.

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top