Resensi Novel - Siti Mulyani

RESENSI NOVEL SUNDA
KEMBANG KEMBANG PETINGAN

Judul Buku        : Kembang Kembang Petingan                                                    
Penulis              : Holisoh M.E
Panerbit            : PT. Kiblat Buku Utama
Taun Terbit       : 2002
Jumlah Kaca     : 185 kaca

Kembang petingan nyaeta salah sahiji novel anu ngangkat carita awewe anu kungsi tikunclung kana jalan kanistaan nyaeta jadi awewe bangor. Kumaha kahirupan batin jadi awewe bangor jeung nasib jadi awewe bangor. Di ieu novel, dicaritakeun Enok ( anu di imah si mamih mah namina jadi Tita ) nyaeta awewe bangor, alasan manehna jadi kusabab manehna dinyeyeri ku salakina lantaran salakina kawin deui ka awewe bangor.
Manehna anu ngan saukur lulusan SD teu boga pilihan deui kusabab kudu ngahirupan kulawargana. Di ahir carita Handi, nyaeta lalaki “ langganan ” daek ngangkat manehna sangkan jadi jelema bener ku jalan ngawin manehna, tapi di jadikeun panajikan anu kadua. Manehna kudu nyanghareupan lingkungan anu henteu narima aya urut ungkluk hirup dilingkungan sarta pamajikan salakina anu kolot dating ngontrog ka manehna.
Kaleuwihan novel ieu nyaeta urang baris jadi leuwih terang kana kanyataan hirup anu bisa jadi beda pisan tina kahirupan urang sapopoe, masihan gambaran pikeun masihan pelajaran sangkan urang teu nepika jerumus kana kahirupan anu kitu, jeung sangkan urang bisa leuwih ngama’lum kana kahirupan batin jelema-jelema anu disebut sampah masarakat lantaran ieu ge sanes jalan hirup kahayangna.
Kalemahan novel ieu nyaeta carita anu disuguhkeun terlalu monoton, bahasana kirang dingartos jadi ngajieun anu maca gampang bosen kana caritana. Salain it eta, panokohan anu aya kalibat di novel ieu kurang di ekspose. Tapi di bandingkeun kalemahan novel ieu leuwih seueur kalebihannana.

Artikel Lainnya

One Comment

Harap koment yg baik ya...

Back to Top