Ku : Astri Sulastri

Resensi Silalatu Gunung Salak : Huru-hara Duruwiksa


Jejer Buku                          : Silalatu Gunung Salak, Episode 2 
                                              Huru-hara    Duruwiksa
Panulis                                : Aan Merdeka Permana
Pamedal                              : Yayasan Galura - Bandung
Taun Terbit                         : 2000
Jumlah Kaca                       : 206 Kaca
Kategori                               : Novel








Novel Silalatu Gunung Salak téh nyaritakeun kahirupan karajaan Padjadjaran jeung bangsa kumpeni. Nu jadi tokoh utamana nyaéta Sanaya perjaka ti Padjadjaran anu sok digawé ka kumpeni.  Manehna ngan sakur di gawé sarta meunang buruh gulden tina gawéanana. Si gulden sakanjut kunang téh teu kapake saeutik-eutik acan ku manéhna. Malah éta gulden ti kumpeni téh di paké jang babantu ka jalma nu teu mampuh nyaéta ka kulawarga Nyi Sugiah.
Saenggeus pisah jeung guruna Ki Santa, Sanaya ngumbara ka Tanjung barat. Saenyana Sanaya téh miboga élmu sarta kaasup jalma sakti, tapi manehna teu nyirikeun. Rék di mana rek di mana, gawéan Sanaya ngandi-pitnah jeung pada mikarewa weh. Padahal Sanaya mah ngan hayang babantu, tapi Sanaya téh tara ngomongkeun kabeneran dihareupeun nu lianna nu matak pisalah pahameun batur.
Novel ieu ngagambarkeun, kumaha kahirupan jalma-jalama jaman heubeul nu masih kapangaruhan ku bangsa kumpeni. Dina novel ieu dicaritekun pikeun anu kuat anu nguasaan saeusi désa. Tijaman baheula geus dikenal pangbéda-béda darajat hirup jalma. Jalma nu biasa- biasa mah jarang boga gulden sarta hirup ngantina hasil ngahuma. Béda jeung jalma nu digawé di kumpeni, manehna hirup nyaman di bibiayan ku kumpeni sarta miboga gulden nu réa. Novel ieu ngagunakeun basa nu komunikatif jeung teu ngabosenkeun nu maca. Réréana ngagunakeun basa kahirupan sapopoé, ngan paripolah ngomongna masih kasar.
Ieu novel téh nyaritakeun kahirupan pas jaman karajaan Padjadjaran jeung kumpeni nu kuduna pinuh ku kategangan ngalawan kumpeni, tapi malah dina novel ieu mah dicaritakeun masarakat nu pro jeung kontrak ka kumpeni. Dina novel ieu dicaritakeun pikeun jalma nu di digawé ka kumpeni mah hirupna sejahtera. Béda jeung jalma nu hirupna nganngahuma, hirupna sok ditindas ku bangsa kumpeni. Béda jeung pakta nu dialaman ku bangsa urang. Sarta, lolobana dina novel ieu téh nyaritakeun kairupan asmara si Sanayana ti batan kaperkasaanna si Sanaya. Alur caritana kitu-kitu keneh, kawas jaman ayeuna.
Novel ieu kaluaran taun 2000 nu kaitung anyar tapi, euweuh salahna mun maca ieu novel jang nyaho kumaha kahirupan jalma-jalma baheula nu hirupna bareng jeung bangsa kumpeni. Saenyana novel ieu judulna tentang Silalatu Gunung Salak, tapi eusina mah teu béda jauh jeung novel-novel nu lianna nu nyaritakeun dua wanoja nu silih kapincut asmara.

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top