resensi novel


Resensi Novel Panganten

Jejer Buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan ka-1 Agustus 2003 / Citakan ka-2 Juni 2010
Kandel Buku : 56 halaman


Novel Panganten teh ngadogengkeun krisis jiwa nu karandapan ku kaom rumaja. Dina galeuh-galeuhna ieu hasil karancage literer Deden Abdul Aziz teh ngasongkeun surah nu mandiri kanu naon rupa nu patali jeung jodo, pati, bagja, rejeung cilaka. Jodo, pati, bagja, rejeung cilaka teh geus diatur ku nu Maha Kawasa.
Dina novel ieu urang patepung jeung Rinrin tokoh utamana. Dina novel ieu Rinrin boga kabogoh nungarana Gumilang, Gumilang maot sanggeus nyebut kalimah hayang kawin ka Rinrin, teuing rek kawin kasaha Gumilang teh. Rinrin ngarasa sedih pisan, ngarasa keeung, da biasana di baturanan ku Gumilang, ari ayeuna mah geus eweuh deui Gumilangna. Terus Rinrin dekeut jeung babaturan Gumilang nu ngarana Ben. Ben teh nyaeta babaturan satempat kostna Gumilang, saacan Gumilang maot, Gumilang teh hirup ngekost sakamar jeung dua babaturanana, Rudi jeung Ben. Saprak Gumilang maot Rudi mah geus tara balik ka kostan-na Rinrin meunang beja yen Rudi mah ayeuna hirup di Jakarta. Jadi ayeuna mah di kostan teh ngan tinggal Ben. Rinrin karunya ka Ben, Rinrin sok maturan Ben sare nepika Rinrin teu sare. Tapi Ben beda jeung Gumilang, rarasaan Rinrin mah Ben teh teu jauh ti palaku pandukung, nu keur ngaamiskeun suasana.
Di tempat Rinrin sok ngalamun nu ku Rinrin eta tempat teh dingaranan Partenon teh Rinrin papanggih jeung Suminar atawa Lisa Kudrow, Rinrin ngarasa aneh, kusabab tara aya awewe nu datang ka dinya tibatan manehna, emang Rinrin mah tomboy. Awalna mah pacicing-cicing bari masing-masing nyeseup rokok bari ngalamun, tapi lila-lila mah maranehna teh beuki akrab, beuki deukeut, ti mulai jalan-jalan bareng, ngarokok bareng, atawa nguyup arak oge bareng. Tapi teu lila eta oge, Suminar maot, kusabab Suminar hamil tuluy ngomong ka Rinrin yen manehna hayang kawin, teuing kawin kasaha. Suminar maot ngagugurkeun kandunganana. Rinrin sedih pisan. Sanggeus Iyang nu ninggalkeun manehna, Suminar oge ninggalkeun manehna. Dina Pangmustunganana Rinrin ge hayang kawin teuing kasaha da manehna mah mikirna yen jodo mah geus aya nu ngatur. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan maneh tepi ka henteuna, manehna ngarasa geus laksana papangantenan.
Kalewihan Novel Panganten :
-          Novel  Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Jodo, pati, bagja, rejeung cilaka teh geus aya nu ngatur. Teuing rek tepi iraha urang hirup di dunnya teh, teuing saha jodo urang teh, teuing kaburu urang kawin atawa henteu. Kabeh nu ku urang di lakukeun di dunnya teh saacana geus di atur ku Nu Maha Kawasa Allah SWT.
Kalemahan Novel Panganten :
-          Novel panganten teh loba kata-kata kasar jeung jorok, jadi teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Manfaat Novel Panganten :
-          Para Rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.
-          Urang bisa sadar yen kahirupan urang teh geus aya nu ngatur, jadi urang kudu terus loba bersyukur.

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top