Resensi Novel M.Dika Susanto


Resensi Novel

Judul buku          : Tri Tangtu Di Bumi

Pangarang           : Yoseph Iskandar

Pamedal              : Pusat Studi Sunda

Taun Medal        : Agustus 2011

Jumlah kaca        : 89 kaca

                Novel ieu the nyaritakeun kana roman sajarah nu ngagambarkeun pangalaman Pamanah Rasa, putrana Prabu Dewa Niskala ti Kawali, nu ngumbara ka kale’r, nikah jeung nyi Ambet Kasih tuluy ka Putri Subang Larang nu ngalahirkeun Walangsungsang, Larasantang, Jeung Sangara nu ngamen agama islam milu ka indung. Pamanah rasa oge’ dipulung mantu ku Prabu Susuktunggal ti Pakuan. Malah waktu aya pake’trok paham antara mitoha jeung bapana, Pamanah Rasa nu geus diangkat jadi Prabu Anom ti Pakuan, mihak ka mitoha, da ceuk anggapanna bapa na ngalakukeun kasalahan. Inyana usaha sate’kah polah supaya pake’trokna eta dua raja te’h teu nimbulkeun paperangan dina dua nagara nu asalna hiji, nyaeta sunda. Salian ti eta Pamanah Rasa ne’njo aya bahaya nu jolna ti Demak nu geus Islam. Yoseph lain bae’ nembongkeun penemuna ngeunaan sajarah sunda, tapi alus deuih dini ngagambarkeun tokoh-tokoh tur sacara tapis ngamangpaatkeun unsur-unsur carita pantun.

Kakurangan tina novel ieu teh nyaeta basana nu make basa sunda nu sae tur undak usuk basa anu pas kusabab kitu loba basa nu teu dipikaharti mun di baca ku urang awam terus caritana nu pondok teuing jadi we rada gampang macana.

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top