Judul : Rasiah geulang
Rantay
Pangarang : Nanie
Panganteur : Ajip Rosidi
Pamedal : Penerbit Cupumanik
Kandel : 145 kaca
Citakan : - Citakan ka-3, Penerbit
Cupumanik, 2009
- Citakan ka-1, tahun 1940
- Citakan ka-2, PT. Girimukti Pasaka, Jakarta, 1979
RESENSI NOVEL SUNDA ANNADHITA
RASIAH GEULANG RANTAY
Rasiah geulang ranttay ngagambarkeun kaasih hiji
indung ka anakna anu heunteu aya wates wangenna. Pikeun kabagjaan anakna
sorangan, manehna nyumputkeun identitas dirina, da cek pamikirna lamun anakna
teh dibere terang baris nimbulkeun katugeunah kana hate anakna. Ieu carita ani
dipikaresep ku balarea teh kungsi dilalakonan ku longser jeung sandiwara dina
mangsa samemeh perang. malah dina taun 1967 kungsi disalin kana basa Indonesia
ku Zuber Usman.
Awal dina ieu novel teh poe saptu anu keur
meumeujeuhna poe anu hade. Loba nonoman anu keur palelesir mapay-mapay jalan,
katembongna teh taya pisan kasusah, sempal guyon jeung pada babaturanna.
Dihareupeun imah gedong aya hiji awewe anu keur diuk bari ngadaweung, kaciri
pisan eta awewe teh kacida waluratna, ngaran eta awewe Aminah. Harita
dihandapeun tangkal kananga aya hiji istri anu keur diuk dina bangku sabari
maca surat kabar, ngaranna Eden Komariah. Kusabab panasaran da geus lila Aminah
teu indit-indit, Eden nyampeurkeun Aminah jeung nanyakeun asal-usul bi Aminah.
Ahirna bi Aminah digawe jadi koki di imah Eden Komariah. Kakara dua poe pagawean
bi Aminah geus katingali alusna.
Eden Komariah deukeut jeung Maman sareng Sukardi.
Maman teh budak anu geus teu bogaeun indung jeung bapa. Ti leutik Maman diurus
ku indung bapa Eden. Maman boga pagawean ngan gajina teu sabaraha. Ari Sukardi
mah boga indung jeung bapa, gajina ge lumayan gede ti jaban Maman mah, pokona
mah lamun bobogohan jeung sukardi mah. Hiji mangsa, Maman ngalamun jeung mikir
naha mun dekeut Eden sok degdegan, rupana Maman boga rasa disembunyikeun. Maman
teu wani ngungkapkeun isi hatena ka Eden kusabab Maman nyadar Maman mah teu
boga nanaon anu bisa di banggakeun jeung Maman rumasa teu pantes deukeut jeung
Eden. Tibasa Maman nyaho Maman boga rasa ka Eden, Maman ngajauhan Eden jadi
cicingeun jeung jadi ngedul tibatan gawe kusabab osok ngalamun nu teu pararuguh
tea. Hiji mangsa kang Sukardi teh ngajak nonton ka Eden. Eden ngajakn indung,
bi Aminah jeung Maman oge. Ari geus di bioskop Maman mah misah bareng
babaturanna. Indungna oge misah da embung ngaganggu barudak. Ari keur nonton
kang Ruskandi teh nginjeum geulangna Eden, ari mun di tilik-tilik dina
geulangna aya tulisan SS. Bi Aminah ge nginjeum da hayang ningali geulang eta.
Saeunggeus beres filmna. Maman geus nungguan di oplet.
Lila-lila Eden ngarasa lamun Maman teh ngajauhan.
Kusabab Eden panasaran kunaon Maman bet ngajauhan manehna, Eden neunden surat
di luhur tangkal tukangeun rorompok Maman. Eden ngabisikeun Maman nitah maca
surat eta, kang Ruskandi mah teu nyahoeun. Teu lila Eden balik ka imahna, Maman
ka tukang neangan surat anu di carioskeun ku Eden. Sanggeus manggih teras d
dibaca nu eusina si Maman teh dititah manggihan Eden di kamarna tabuh 2. Maman
teh bingung kudu dateng atawa entong. Da ari hate mah moal bisa ngabohong,
sanajan hate teu geunah Maman tetep indit. Dijalan ka imah Eden ge geus teu
garenah hate, geus aya ciri-ciri moal pibalegeun ngan Maman tetep mapay jalan.
Sanggeus nepi di harepeun jendelaa Eden, Maman cicing deui kusabab sieun. Ari
pas rek mukakeun jendela Eden aya nu nyekel Maman, Maman geus reuwas,
beungeutna pias pas di tempo kang Sukardi. Isukna kang Sukardi ngalaporkeun ka
bapana Eden Komariah. Maman diusir ti imah Juragan bapana Eden. Maman jalan
nuturkeun indung suku teuing kamana arahna teuing kamana tujuanna.
Saenggeus Maman euweuh, Eden sok murung, sok
geuringan geus euweuh gairah. Mun aya nanaon teh Eden sok carita ka bi Aminah
ti jaban ka indungna. Ari keur subuh Eden jalan-jalan ka buruanna, ari Abdul
nyampeurkeun Eden sabari mawa surat. Ceunah suratna teh ti neng Kurnia. Neng
Kurnia teh sobatna Eden ti jaman sarakola keneh. Neng Kurnia nitah Eden ka
imahna. Saenggeus maca eta surat, rada siangan Eden indit ka ka imahna Neng
Kurnia. Ari sanggeus nyampe di imahna neng Kurnia eweuh sasaha, ari pek teh aya
nu nyekel Eden ti tukang. Pas di tempo Mas Tata. Mas Tata teh rakana neng
Kurnia anu bogoheun ka Eden. Di dinya mas Tata mamaksa Eden kudu daek nurut
kana naon bae nu dipikahayang ku mas Tata. Cipanon Eden kaluar. Saacan
digadabah kaburu jol bi Aminah. Mas Tata kabur.
Indungna Eden ambek-ambekan ningali pagawean
Aminah nu teu ngabereskeun nanaon. Jol Eden jeung bi Aminah daratang. Indungna
Eden amebk-ambekan nepika nenggeul Aminah, Eden nulungan bi Aminah jeung
ngajelaskeun kunaon bi Aminah teu sempet beberes. Geus sababaraha poe, Eden
geuring. kang Sukardi, jeung indung bapana Eden geus mawa dokter timana wae
ngan Eden teu sembuh-sembuh wae. Da nu bisa nyembuhkeun panyakit Eden ngan
Maman hungkul. Geus di teangan ka tatar sunda ngan teu kapanggih wae. ari geus
kitu da ari geus lila mah da pasti katempo si Maman teh. Maman di bawa ka imah
Eden. Eden pun cageur deui. Eden nikah jeung Maman.
Ari keur sabada eta sadayana teh dek arindit ka
ondangan. Pas balik deui Perhiasan Eden leungit, geus mawa polisi. Ari geus
digeledah epek teh dina koper Aminah kapanggih aya geulang anu aya simbol SS.
Aminah dibawa ka kantor polisi di bandung. Lila-lia kapanggih lamun lain Aminah
nu maling eta barangna, jeung Aminah balik deui ka imah juragan. Ari geus
nyampe di imah eta aya kiai Sungkawa. Epek teh Aminah pamajikanna kiai Sungkawa
anu geus lila papisah. Kusabab kiai Sungkawa teh tamu anu dipikahormat jadi
Aminah malem eta ngendong di kamar tamu, lain jadi buruh na juragan deui tapi
jadi tamu deui. Ari keur sosonan di kamar cacaritaan panjang lebar nu
tungtungna mere beja ka salakina lamun Eden Komariah teh putrina anu salama ieu
teu kapanggih. Di balik panto Eden ngadengekeun, jeung ngabukakeun panto
langsung ngarangkul indung jeung bapana.
Kaleuwihan ieu buku :
1. Buku
ieu ngagambarkeun kaasih hiji indung ka anakna anu heunteu aya wate wangenna. Pikeun
kabagjaan anakna sorangan.
2. Buku
ieu ngagambarkeun cinta suci anu kuat anu teu bisa dipisahkeun ku jelema katilu
Kakurangan ieu buku :
1. Basana
anu luhur teuing, hese di pahami
2. Teu
masuk akal, mun Aminah jadi buruh kusabab Aminah teh kaluaran SMA mun jaman
dulu kaluaran SMA mah kedahna geus luhur tingkatna jadi teu pantes mun jadi
babu mah
Amanat ieu buku :
Kaasih indung ka anak mah moal aya tandinganana,
cinta anu suci cinta anu teu tiasa di ganggu ku batur
Artikel Lainnya
Tugas
- Resensi Sunda by M Rizky Prassandy
- Resensi Novel Silalatu Gunung Salak Episode : 3 "Huru-Hara di Bantar Jati"
- Resensi Novel_Asti Nurhanifa
- Resensi Novel_Winaldha Restu Agung
- Resensi novel “baruang kanu ngarora” (FANI AHMAD FAUZI)
- Ku Nafasa Agnia : Silalatu Gunung Salak : Episode 1
- Resensi Novel - Farida Latifah Azari
- resensi novel sunda
- Resensi Novel M.Dika Susanto
- RESENSI NOVEL KU FARIS I P
- Resensi Novel
- Resensi Novel Fatimah Qona'ah
- tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel tugas sunda resensi novel
- RESENSI NOVEL SUNDA - ILA FAHLATI AMALIA
- Resensi Novel Sunda - Ulfah Nasti Wiliastuti
- RESENSI NOVEL SUNDA - Ayu Novia Robianti
- Resensi Novel - Siti Mulyani
- Resensi Novel - Grystina Situmorang
- Resensi Novel Sunda Mapag Perang Barata
- Resensi Novel - Farida Latifah Azhari
- Resensi Novel Sunda - Sugih Wiranto
- Resensi Novel Vera nurgustiani
- Resensi Novel Windi Tri Noviani
- Resensi Erditha M
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus