Resensi Novel_Asti Nurhanifa


Wasta              : Asti Nurhanifa
Kelas               : XI IPA 5
Jejer novel       : nelengnengkung
Pangarang       : Wahyu Wibisana
Panerbit           : Kiblat
Jumlah kaca     : 152
Citakan            : citakan ka-1, Shafar 1430H./ Januari 2009
Ringkasan :
Ti iraha alam dunya teh muka pantone sarta kuring bisa asup ka jerona, poho deui. Ari saha anu nuduhkeun jalan ka lebah dinya mah, kuring nyaho,sanajan mimitina mah sama sakali kuring teu wawuh, iwal ti sorana anu mindeng asup kana dedengean.
                Da puguh mimitina mah estuning ngabelegbeg, sanajan enya aya soraan. Di teruskeun ku dua sora, nu ngehnger jeung nu ngagoronggong, tapi sarua pada halon karasana.
                Tuluy nu boga teh mimiti katembong belegbegna sarta duanana sihoreng barogaeun pakakas  nu bisaeun nyolodor, anu lemes tur haneut upama diadakeun kana pipi kuring. Jeung aya sora anu marengan, sora binarung rasa jeung nada anu pohara halonna, “Hao-hakeng, hao-haekang,” cenah.
                Satemenna ngan, sora wungkul anu aya di alam dunya the, geuning. Ngan dua nada sora deuih. Satemenna, paling paling oge ngan ditambahan ku kelemengna wujud anu sok lemes pisan antel kana awak kuring. Dina waktu kitu bet kuring ngarasakeun kanimatan rawagi anu luar biasa. Nya tiharita kuring ninggalkeun mangsa hao-hakeng jeung ao-aoan, tuluy bisa ngaluarkeun sora sengang-dua engang anu tacan dibarengan ku harti nurutkeun aturan dina basa Sunda.
                Kungsi diais jeung dipangku ku Ema, kungsi digandong jeung dipunggu ku Apa. Awak kuring anu asalna tidapur dibawa ka tengah imah, atawa ti buruan dibawa ka pancuran lebak. Buruan teh enya bangbarung alam dunya. Tidinya kuring bisa meuntas jalan ngadon nyabakan pilar Haji Majid. Atawa kasakola tempat Apa ngajar.
                Dahar dina piring seng bodas, deungeunna daging atawa lauk, diciwitan ku Ema, heg diencle-encle dina sakurilingeun biwir piring. Imah nu iuh, imah tempat ngukur jauh , kitu kira-kira pikiran alam harita upama dicaritakeun ku ungkara kuring ayeuna.
                Ceurik ku lantaran nyeri titajong , sok gancang repeh da di jampe ku Apa. Meureun ti harita kuring mimiti nyaho yen jelema teh aya kalana boga ka nyeri atawa gering. Kuring mules haying ka cai. Ari cai apan jauh, kudu ka pancuran luar. Nya diakalan meureun ku Ema sangkan beuteung kuring  teu ngusial, supaya ulah kudu ka pancuran heg di jajampe : “pecang-pecing Beulah hoe, ulah ngising tengah peuting,mending isuk tengah poe” .
                Da puguh lengkah pondok keneh, tetelar ti Cantigi ka Cisayong teh asa pohara ngempladna. Ari nu ditutur keun lengkah kolot, lengkah Apa, atuh mindeung tinggaleun. Sanajan kitu, eta talawengkar- talawengkar teh ku kuring diampihan, lantaran mangrupa sesemplekan pangalaman hirup kuring.
                Nu kadenge ngan sora peuting, krong-kronganana sora londok patembalan jeung sora simeut caricangkas  anu kerkeran. Sok rada ngagebeg upama Ema lebet ka pangkeng bari dimukena keneh. Nu singsarwa bodas katembong reyem- reyem, heg nonghol mukakeun kulambu ngilikan kuring.
                Kungsi ngalaman bulan Puasa nu pohara langenna, bareto keur budak. Poho deui, naha harita teh kuring milu puasa atawa heunteu. Tapi nu puguh rarasaan anu di lantarkeun ku ayana eta bulan nepi ka ayeuna nembres keneh bae. Lebaran anu mimiti kuring inget bisa jai dina tahun 1940, waktu umur kuring lima tahun.
                 Apa pupus. Bapa kuring tilar dunya. Ema ngaengek. Kuring carinakdak. Ai olohok, teu ngarti nanaon. Harita teh 12 Mulud 1360, merenan tanggal 9 April 1941, poe Rebo, waktu kuring tacan  bisa ngucapkeun innalillahi.
                Aya gerentes dina hate waktu apa pupus teh. Gerentes budak anu keur meujeuhna resep diajak nyarita ku kolot perkara alam dunya. Balik ka lembur, kapanggih deui rupaning tetenjoan anu bareto mah samar- samar, lantaran leutik keneh. Ayeuna atra pisan, ditambah ku katerangan ti Ema.
                Basa kuring ngahaja ka astana, dijurung ku Ema kudu meresihan makam Apa jeung makan Ai, katembong aya warna beureum. Pucuk kiteja eta teh. Nginget- nginget deui ka Apa, naha waktu sok sasauran perkara perang di Nagri Walanda, anjeunna pro Declan atawa pro Walanda ? eta pertanyaan teh timbul basa tentara Walanda nyieun markas di Cisayong. Sabulan Ema diberok di jero bui ku Walanda pedah dianggap mata-mata urang tukang. Barang jol ka lembur, kuring digabrug tuluy digalentoran ku Ema bari sasauran kieu, “Deudeuh teuing anak Ema...”
                Di pangadegan, di lembur sorangan, keur karasa haeubna hawa perang. Di kota aya tentara Waanda Wilhelmia, ari di sisi-sisi aya tentara Kartosuwiyo, anu tuluyna sok disebut gorombolan, duka kumaha mimitina.
                Da meureun pedah kawas manuk dihucuh-hucuh supaya indit ka dayeuh. Enya, kuring teh ti taun 1948 geus teu jadi urang lembur deui. Teu pindo gawe, harita kuring geus bisa mulangkeun deui takajar. Anu asalna ti lembur dika-lemburkeun deui, sanajan lain di nu bareto, tapi tetep anu kalangkang ku Gunung Galunggung. Keur leutik, bareto, sok kapireng Ema ngawih Nelengnengkung bari ngeyong kuring. “Geura gede geura jangkung..., geura sakola di Bandung,” cenah. Eta kecap “Bandung”, ngaran kota, ti keur leutik geus jadi implengan kuring: jiga naon ari Bandung ? Kacipta na, urang Bandung mah nyaritana teh salawasna ku lagu kawih, kawas hariring Ema. Emh





Kaunggulan :
Kaunggulan tina novel ieu teh nyaeta, tiap gunem catur dina ieu novel teh ngangge basa sunda anu sae tur undak usuk basa anu pas. Isi carita novel ieu nyaritakeun kahirupan pangarang mangsa budak nepi ka sawawa kalawan teu leupas tina heab asih indung.

Kakurangan :
Basa novel ieu terlalu baku nu matak anu maca na rada hese ngahartikeun tiap tiap kecap. Tapi aya oge kecap kecap anu lumrah nu bisa di pikaharti kunu maca.

Artikel Lainnya

Leave reply

Harap koment yg baik ya...

Back to Top